Kamis, 19 Januari 2012

Kereteg Hatē

Mangpirang pulas mangpirang kelir
mangpirang gambar pating kēlēbēt di jomantara

Seug kereteg hatē geus gilig
rēk bumēla mingpin rahayat
tangtu Andika moal ‘rēk ngejat
lantaran senang atawa malarat

Lamun ukur hayang katangar
Teu gumati dina babakti
Andika tangtu lanca-linci
Meunang kasenang poho rahayat
Meunang kasusah Andika lumpat

Kereteg hatē teu bina ti binih
Naon nu dipelak, ēta nu tumuwuh
Melak cabē, nu jadi cabē
Melak bontēng, nu jadi bontēng
Moal pahili pelak tumuwuh


*) Dimuat dina Majalah Cupumanik Nomor 07 / Pebruari / 2004

Sajak Wadul

Laju wadul
Saban tas ngawadul
Murudul wadul
Tuluy tumuluy
Silih ungkulan wadul jeung wadul

Jangji wadul, sumpah wadul, kasaksian wadul murudul nutupan sajatining wadul


*)
Dimuat dina Rubrik Budaya Kabar Priangan, Rebo, 23 Maret 2011, jeung
Rohang Sajak Radar Tasikmalaya, Minggu, 3 April 2011

Kembang Murag

Sagagang kembang ros
Kakeueum kolombēran
Kotor
Bau
Ilang ēndahna
Leungit seungitna
Katincakan
Kalēngkahan
Taya ‘nu haat nulungan
Ngahanjatkeun
Ngaberesihan
Kabēh ngabalieur mariceun beungeut

Tungtung Taun

Unggal puteran mangsa
rēngkak teu kendat ngawiletan rēnghap
sadami
sadami
wanci mingkin deukeut ka lastari

Ti taun ka taun umur tuluy muguran
daun-daun poē ngalakay kabawa angin
Ngabarak
             Katincakan
                             Kalēngkahan
                                                Kapopohokeun
Dahan bulan pasolēngkrah
Jadi pangpung kahirupan
Bangkarakna bēak dikorowotan rinyuh jaman nu mingkin mahabu

Ari urang nungguan naon
geuning kadon ngagimbung
handapeun tangkal nu mēh paēh


*)
Dimuat dina Rubrik Budaya Kabar Priangan, Rebo, 23 Maret 2011, jeung
Rohang Sajak Radar Tasikmalaya, Minggu, 3 April 2011

Hirup

Maca lalampahan ka tukang
Lambaran kahirupan ‘nu rumeuk
Lewang
Keueung

Nyawang mangsa can kasorang
Lambaran kahirupan ‘nu can puguh bungkeuleukna
Inggis
Rēmpan
Hatē ngeleper

Kaēndahan Peuting

dina tēlēvisi, pulisi nēwakan careuh
bulan di sisi jalan

lalaki awēwē balawiri
dina reup bray kingkilaban peuting
panggero malēkat kasilep brangbrēngbrong
musik teu puguh dēngēkeuneun
seuri durjana nyakakak tina botol-botol campaigne
jaladri ngagalura jero dada
ngawurkeun hangru naraka
kēsang nyarakclakan ngajanggēlēk talaga peteng
karem birahi dina keukeupan

“wonderfull tonight”

ku ēndah peuting maksiat.
pikabitaeun.

ti mēja ka mēja salaksa
malēkat bur ber nyatetkeun billing.

Akuarieum

Giwangkara kalebuh jero akuarieum
Rangsak awakna disasaak arwana
Dikenyang cupang disantokan lohan
Bubukna bēak dihakan lauk sapu
Tangka beresih taya bangkarakna

Di langit, peuting lelenggutan
Bulantok jeung sulintang katara lungsē
Balas kokotētēngan nēangan beurang

Tamaha

1/
Bongan urang teu pageuh iman
Teu tarapti ngariksa jiwa
Mager diri teu tohaga
Wayahna kawisaya
Kaeurad pitapak sētan

2/
Bongan oncor teu diminyakan
Teu daēk maca teu daēk nanya
Wayahna katambias
Ngatog dina mongklēng lulurung jaman

Giwangkara

Seug geus teu metu giwangkara ngawasa beurang
Ka saha deui minangsaraya caang
Purnama ukur sabulan sakali nganjang
Demi cicika ukur sato leutik
Pamohalan nyingray lalangsē poē

Palangsiang cempor di tepas hareup kudu hurung salilana
Atawa beurang dirungkup mongklēng
Sedeng huma jeung sawah nganti dipencug
Sapi-sapi marudah mēnta parab
Jeung barudak hayang arindit sakola

Bangkarak Bagja

Sangsara ngantay sapanjang jalan ka lawang jaman
‘na sarakan saat bangkarak bagja rangsak
Balas kasasaak mangsa
Raga nyangsaya taya tangan pangawasa
Tapak-tapak panandasa raca saawak-awak
‘na dada ‘na mastaka ‘na panangan ‘na palangkakan

Kakawasaan ngagalaksak taya ras-rasan
Tangkalna ngarandakah sanajan rada ngarangrangan
Kalakayna ngabarak ngabalaan pakarangan

Hanjakal raga taya gadag
Hayang ngalawan taya tanaga

Gebeg

Bulan

Nagih Hutang

Sakumaha biasa, jam tujuh isuk-isuk geus aya di kantor. Trēt, ngabsēn. Bus ka rohang Bad Debt. Mērēsan berkas-berkas surat tagihan, pigawēeun poē ieu. Rupa-rupa geuning tagiheun tēh.

Jam dalapan. Waktuna indit nagihan. “Bismillah...”, cekēng bari ngalēngkah. Mēmēh clak kana motor, makē heula jēkēt kulit pamahugi indung budak. Biur, si kukut ninggalkeun pakarangan kantor. Mapayan alamat tepunganeun. Rupa-rupa pangbagēa ti nu boga hutang tēh. Malah aya nu embung nepungan-nepungan acan.

Basa ngaliwat ka palebah Simpang Tilu, teu ku hanteu bet kapegat ku oprasi pulisi. Saurang pulisi nyampeurkeun, bari ngocoblak ngawangkong jeung hēnpon. Manēhna mareuman motor, terus ngajabel koncina. Basa manēhna nyentak nanyakeun SIM jeung STNK,  karērēt aksara ngajeblag dina dadana. “Pa Usep ?”, ceuk kuring jiga nu wawuh. Manēhna unggeuk. ”Ti Kadungora ?”, manēhna unggeuk deui. “Lakadalah, kaleresan Bapa. Abdi teu kedah ka bumi.” Ēta pulisi kerung. Merhatikeun kuring ngodok eusi kantong. “Abdi ti leasing, Bapa, badē ngadugikeun ieu”, cekēng bari ngasongkeun surat tagihan, “tos elat dua sasih, Pa !”. Manēhna luak-lieuk. “Ka rorompok wē, ka Ibu”, pokna ngaharēwos bari mikeun deui konci motor.

Nu Bingung Milih

Budak awēwē. Geulis. Ditiung. Makē kēnēh baju sakola. Ngabedega hareupeun. Ajeg. Panceg. Seuseukeut teuteupna ngabelesur niruk ketug jajantung. Ras kana teuteup indung budak mangsa keur lalagasan. Seukeut. Tapi teu matak raheut. Humaroshos, ēta budak awēwē ngaharēwoskeun kasimpē hatēna. Pirang-pirang ungkara mawur tina biwir ipisna.
Sabot kuring negerkeun geter angen, manēhna indit ngajingjing keclak cimata.

Selang sawilet wanci. Aya deui nu ngabedega hareupeun. Budak awēwē. Geulis. Dikacamata.
Gantawang. Manēhna hohoak bari pepeta. Ngabar-ngabar mangpirang ungkara ringrang.
Sabot kuring ngumpulkeun pangacian, manēhna ngagandeuang nyorēang kamelang.

Piligenti. Barudak sakola ngabedega hareupeun. Pirang-pirang ceta. Pirang-pirang peta. Pirang-pirang ungkara. Balawiri dina kongkolak otak.
Leng. Pikir uleng. Bingung nangtukeun sikep. Inggis salah pilih. “Gustiiiiiii ... abdi narah janten hakim nu teu adil.” Cekēng, basa kudu nangtukeun pinunjul pasanggiri maca sajak poē tadi.

Keretas

Pirang-pirang keretas patulayah dina kongkolak. Ngabarak jadi tatapakan. Jlug-jleg jadi gedong. Jadi kantor. Jadi mol. Jadi hotēl. Jadi bui. Jadi kuburan. Sawarēh pasuliwer jadi tutumpakan. Jadi kalangenan. Aya nu migusti keretas. Aya nu ngadahar keretas. Aya nu ngawin keretas. Aya nu nyieunan budak tina keretas.

Dunya geus heurin ku keretas. Koran, majalah, buku. kalēnder, poster, kuitansi, bon, surat tagihan, pasesedek dina urat-urat jagat. Urat-urat kaēra nu geus paregat.

Hawar-hawar kapireng nu pating kocēak. Kahuruan. Wangunan-wangunan keretas ngabebela. Nyilalatu. Ngalēntaban saban keretas di sakuriling bungking.

Anjeun. Jeung Kuring. Silih pelong. Silih pencrong. Silih sērangkeun silalatu nu rabeng ngarapung tina awak sēwang-sēwang.

Awēwē Ateul

“Lawas teu tepang, ieu kasono meni moho. Ka mana baē atuh Jungjunan tēh ?”, ceuk hiji SMS. Duka ti saha, da teu wawuh nomerna gē. Teu hayang ngawalonan. Ceuk pikir tēh paling gē nu iseng atawa nu salah kirim. Gancang didēlēt. Bisi kaburu kapanggih ku manēh. Lain maksud rēk sumput salindung. Ieu mah sakadar nyinglar papasēaan. Da manēh mah geuning sok timburuan.
“Manawi aya waktos, diantos wengi engkē di tempat sasari. Hoyong namplokkeun kasono”. Geus jol deui baē SMS ti nomer nu tadi. Gura-giru didēlēt, basa hawar-hawar manēh nyalukan. Orokaya ieu hapē  geus ngeleter deui. “Omat, Kasēp, engkē wengi mah ulah teu sumping. Kamar 214. Tanteu sono pisan”. Bedul tēh, awēwē ateul geuning, makē jeung nyebut kasēp sagala.
“Keur naon kēnēh atuh ari Euis ... gancang bisi kaburu macēt !”, ceuk manēh bari nololkeun beungeut kasēp kameumeut urang.

Hujan

Tumbak binang teu kabilang, nu murubut tadi isuk, geus nyaremkeun sumanget pikeun ngudag kalangkang heulang nu ngencar teuing ka mendi.

Dongēng Cinta Kadal

Di sisi jalan, peuntaseun hiji hotēl mēwah, kadal sajodo pating kalacat hanjat ti solokan.

“Enya, rumasa aing mah ruruntuk ungkluk. Pangacakan sarērēa”, ceuk Kadal Bikang bari ngēpēskeun leungeun Kadal Jalu. “Wajar mun manēh embung jadi bapa si utun dina beuteung aing.” Kadal Jalu nyampeurkeun. Gap leungeunna, kana taktak nu bikang. Gibeg. Kadal Bikang ngagibegkeun awakna. Laju ngejat, ngajauhan.

“Padahal, saprak tepung jeung manēh, tēkad aing geus buleud. Aing eureun jadi ungkluk”. Panon Kadal Bikang mimiti beueus. “Geus tilu taun aing teu ngaladēnan sato-sato gēlo nu hayang ngasaan awak aing. Tilu taun. Ukur manēh nu ku aing diladēnan. Dikaulaan. Dipisono. Diarep-arep”, cipanon murubut dina pipi Kadal Bikang. “Kari-kari ayeuna manēh nitah aing matēni getih sorangan. Sarua jeung nitah aing paēh atuh kitu mah...”, pokna bari meuntas.

Cekiiiiiitttt. Jeggērrr. Kadal Bikang katabrak ku Maung nu keur mangprung ngumbar komara. Awakna ngacleng. Kadal Jalu ngocēak, bari lumpat muru bikangna. Maung nu nabrak ogē nyampeurkeun. Rēt kana beungeut Kadal Bikang, ras Maung ka nu nyabok pipina peuting tadi. Kusiwel Maung ngaluarkeun Blackberry tina pēsakna. Teu lila hiung sora sirineu. Maung mangprung deui, ngumbar komarana.

Nyekar

Matuh, saban tepung Rayagung, sok nganteur manēhna nyekar ka kuburan sisi lembur. Teuing kuburan saha.

“Kuburan pahlawan”, pokna. Kuring kerung. “Manēhna nu nulungan basa Ema digadabah ku Menir Walanda”, pokna dareuda. Ingetanna ngait kana kajadian baheula. “Hanjakal, bedogna teu walakaya ngayonan pēstol Menir. Manēhna maot hareupeun Ema. Tarangna bolong ditiruk pēlor”. Kaketir ngeyembeng dina panonna. Wur, ngawurkeun rampē jeung jampē. Leungeunna ngeleper, ngucurkeun cai kana tetengger batu. Paēsan nu euweuh ngaranan.

Simpē.

“Ari si Menir tulus ngagadabah Ema ?”.
Manēhna kalah mencrong. Pirang rusiah pasuliwer dina panonna nu beueus. Lalaunan manēhna cengkat. “Kapan indung manēh batina tēh...”, cenah bari ngalēos.

Kabungbulengan

Manēhna pasuliwer ngajajah urat nu ranteng sakujur awak. Dina mēja bet katempo manēhna imut bari gugupay. Muka majalah pinuh ku gambar seksi dirina dina pirang pulas jeung rupa. Nyetēl radio, penyiarna anteng ceuceuleuweungan nyaritakeun sajarah manēhna. Rēt ka luar jandēla, di buruan bangkarakna mirupa tatapakan, laju ngajaul ka langit maturan bulan ngasuh rēwuan bēntang.

"Gustiiiiiii ... ēta lēptop bet hayoh waē ngaririwaan ...!"

Bus ka kamar, indung budak ngabebengkang. Bet jadi hayang milu ngabebengkang, bari mencētan keyboard nu ngampar na awakna.

Nasib Diri

"Saurang lalaki matēni dirina ku jalan nēmbak sirahna sorangan ku pēstol meunang ngarebut ti pulisi nu keur ngainterogasina di markas pulisi. Manēhna datang masrahkeun diri ka kantor pulisi sabada ngarampog jeung matēni kulawarga konglomerat B. ..."
Dēwi cengkat tina korsi. Bari jeung semu rumegag, Dēwi mareuman tēlēpisi. Adina, budak lalaki umur 5 taun, nu keur tibra luhur ranjang, lalaunan dihudangkeun. Budak nu keur lulungu ditungtun turun tina ranjang. Tina tumpukan gepokan duit nu ngabarak luhur ranjang. Kalawan pinuh ku rasa deudeuh, lalaunan budak dituyun muru balkon kamar 807 hiji hotel agrēng. Dēwi jeung adina nangtung sisi balkon, neuteup mongklēngna peteng. Di sesela banjir cipanonna, halon Dēwi ngaharēwos, "Gusti ... widian abdi nangtoskeun nasib diri..."

Langlayangan

Ngudag langlayangan pegat, ngabelesat luhur galeng. Sakapeung luncat ka sawah.
Ngarumpak parē anyar jadi. Geus beunang langlayangan disumputkeun. Sieun direbut deungeun. Sabab geuning teu saeutik ‘nu pasēa tepi ka gelut alatan parebut langlayangan pegat.
Langlayangan pegat ngapak mēga, teu kahontal ku gantar panjang. ‘nu ngudag balik handeueul. Leumpang ingkud bari rambisak, dampal suku kacugak cucuk kaliagē.
“langlayangan pegat … !”
Curinghak deui. Kanyeri teu dirasa.Lumpat sataker kebek, ngudag langlayangan pegat.

Wayang

Mangpirang rupa, Kaulanun, ngalangkang jeung sorana.
Rahwana nyakakak handaruan. Rama cumarita pinuh wibawa
Sinta ukur imut ngagelenyu. Astrajingga suka seuri jeung dulurna
Kurawa pasolēngkrah ngeukeupan botol.
Emh… itu Sangkuni ngabudah nyieun pitapak.
Mangpirang rupa, Kaulanun, larsup piligenti.

Lalampahan Budak

Pasosorē, di puseur hiji dayeuh. Aya budak diajak pelesir ku kolotna. Keur anteng leumpang, bari luak-lieuk hēlok ku kamekaran dayeuh, ēta budak titajong tepi ka labuh. Tangtu baē manēhna ceurik, da nyerieun sukuna.
Kolotna bolotot, bari teu eureun ngecemeng, nyarēkan budak. Tayohna ēra ku batur nu marelongkeun. Ku kolotna, budak dijēwang. Dipaksa disina nangtung. Laju disintreuk ceulina, bari keukeuh teu reureuh ngecemeng.
Kanyeri budak nambahan. Suku urut labuh. Leungeun balas dijēwang. Ceuli nu disintreuk. Jeung hatē.
Budak kumerot hayang ngalawan. Ukur kaduga nginghak.

Balungbang

Balungbang, Kaulanun, beunang ngahaja ngali di sarakan asih nu lami keri, kiwari geus ngemplang ku cikahuripan : kahēman Anjeun nu canēmbrang.
Ngalangkang ringkang raga basa lumampah sapanjang katiga rasa. Basa tresna katideresa ku pirang pangrobēda. Basa ieu jisim anteng idek liher jeung sakadang belis. Basa ririwa mulan-malēn bumetah dina kongkolak otak. Basa amarah nyangkalak kanyaah. Basa ceuceub miceun lambaran deudeuh. Basa ēra geus teu jadi kelir pikir.

Balungbang nu ngemplang canēmbrang, Kaulanun, geus nganti ieu jisim, pikeun teuleum dina tingtrim pikir. Malidkeun kerak daki sēsa katiga entak-entakan.

Tepang Wengi

Wengi tadi, Kaulanun, basa ieu jisim humaroshos ngaharēwos ka Salira dina jemplingna peteng, aya isin paeunteung-eunteung jeung reueus.
Isin tos kumawantun sumolondo bari rēbo ngajingjing pirang-pirang katuna.
Ari reueus tēa mah tangtos atuh, Kaulanun, ieu jisim dipaparin kēnēh rohang waktos kanggo nepangan, sanaos rumaos remen teu sapagodos sareng papagon Salira.

Wengi tadi, Kaulanun, tos pok deui baē ieu jisim ngagalindengkeun pamēnta, bari keukeuh teu daēk meta. Euweuh kaēra, panginten saur Salira tēh, jangji-jangi ukur jadi papaēs biwir nu haben dibalur jalir.

Wengi engkē, Kaulanun, boa mun tiasa ieu jisim nepangan deui .

Sametan

Kawas angin nu teu reureuh ngagelebug, Kaulanun, ieu hatē ngan tutunggulan baē. Lewang. Keueung. Ku seueur sametan nu teu acan kacumponan. Kapan titipan Salira gē anu sakitu seueurna, geuning bet langkung remen dianggo madarat jeung maksiat. Jajauheun ka mangpaat. Kumaha teuing saupami ēnjing pagēto salira nagih ? Beu ! Cilaka ... nyaan, Kaulanun, abdi teu walakaya. Pasrah sumerah. Nyanggakeun sadaya-daya.

Karumasa

Aweuhan takbir, Kaulanun, ngalanglaung tengahing jempling tabet hatē nu rembet ku rupaning kakeueung jeung angen-angen. Sora dulag ngeungkeung sapanjang peuting, mirig galēcokna hatē ngējah katuna, nataan saban lambar dosa nu heubeul teu dipirosēa.

Ieu diri, Kaulanun, kurungan nu karancang pindingna, nu teu weweg paseukna, nu teu reureuh ririyegan diendag mangsa, andiprek dina tetelar karumasa.

Angen-angen

Ieu angen-angen, Kaulanun, pirang kahayang nu mēngpar tina ugeran langit, nu reuteum ngarait  dina unggal dahan impian, nu parentul luhur palalangon rasa, bet mingkin ngabebela geuning. ngagarang keyembeng karumasa na kongkolak panon ngaduruk surat-surat anjeun nu pating kurunyung unggal janari, teu kungsi kabaca ngajaulkeun silalatu katugenah, nilemkeun beungeut wanci dina mēhong pikir.

ieu angen-angen, Kaulanun, bet mingkin maceuh geuning.

Surat

Ieu hatē, Kaulanun, bet ririaban baē, geuning. Teu beunang dipēpēndē. Teu kalis ku dibangbalērkeun. Pangacian bur-ber ka ditu ka dieu, ngacacang ngumbar kahayang nu can karuhan kasorang. Ras kana calana panjang jeung kamēja nu mangkukna dipecakan, kana kuēh kalēng nu ngajēngjrēng na kongkolak soca, kana surat tagihan nu pating belesur badis jamparing ngincer galeuh angen

ari surat asih kintunan Salira, Kaulanun, geuning bet kalah numpuk belewuk pinuh ku kekebul. teu kungsi kapalirē.

Pati

Seug anjeunna sumping, Kaulanun, ieu jisim moal rēk ngeleper. Malah gapura rēk dirarangkēnan ku ranggeuyan manglē, malati jeung sedep malem. Jeung tangara rēk dititah ngidung. Sabab geus kadēngē ku ceuli hatē, hiliwirna ‘nu ngagalur antara poēk jeung balēbat subuh

Seug anjeunna sumping, Kaulanun, nya naon atuh nu perelu dipikasieun. Rarayna nu sakitu suminarna, ngahiap lumpat nyiruruk kana pangkonan.

Ihlas, Kaulanun, ieu jisim nyumputkeun teuteup, tina pirang-pirang kaēndahan luhureun legana dunya.

Dongēng Motor Butut

Ti saprak boga motor, teu lila sanggeus boga pamajikan, uing can kungsi mayar nu ngaranna pajeg. Cēk pikir tēh, jang nanahaon mayar pajeg, da geuning lolobana mah duit pajeg tēh kadon nyarangsang dina pēsak, lokēt, rēkening, atawa beuteung bucitreuk nu ngurusna.
Tapi kamari ieu mah rada maksakeun mayar pajeg. Enya, da ēta motor butut tēh rēk diborehkeun. Butuh duit jang ngomēan suhunan imah nu mēh runtuh. Orokaya, mayar pajeg tēh geuning gedē kacida. Atuh kapaksa cēngcēlēngan indung budak dipeupeuskeun. Nu bogana baeud. "Ari Abah mayar pajeg atawa karampogan", pokna. Uing ukur bisa ngaheruk. Komo basa narima duit ladang ngaborehkeun motor anu teu sabaraha. Boro-boro jang ngomēan suhunan tēa, dalah jang mulangkeun sakadang imut kana biwir indung budak gē can cumpon. "Abah, Ujang sareng Mbu badē bobo di bumi Enin. Sieun runtuh bumina di dieu mah", cēk keretas nu napel dina panto.

Cinta versus Harta

"Mending dipaparin cinta atanapi harta, Jungjunan ?", humaroshos, basa jaladri Santolo jumegur jeroning hatē. Limalas taun kapengker.
"Mending cinta atuh", cekēng bari neuteup seukeut. Salira malik neuteup. Leuwih seukeut. Bangun nu hayang nyokēl eusi hatē. "Harta mah tiasa diala, disiar sasarengan".  Gep kana leungeun. Diranggeum. Geugeut naker. Ranggeuman asih nu parat ka jero dada. Ranggeuman hēman, nu geus nganteur kapancegan hatē. Babarengan urang ngojayan umpalan asmara.

"Jungjunan, mending dipaparin cinta atanapi harta ?", humaroshos, basa jempling anteng noong tina sesela bilik, wengi tadi.
"Mending harta atuh", cekēng tatag.
"Baruk?", katara reuwas. "Moal nampi cinta ?", lalaunan cengkat. Neuteup anteb, bangun nu hayang yakin. Kuring unggeuk. Salira ngeluk,"Teu sangki, Jungjunan, salira ben janten jalmi pidunya geuning"
"Nyiar mah sakitu sesahna. Ayeuna aya nu maparin harta. Piraku ditolak atuh...", salira mencrong. Pirang-pirang ungkara kuciwa pating belesur tina seuseukeut teuteup.
"Jungjunan...", salira cumalimba.
"Moal. Kuring moal rēk narima deui cinta". Lir tumbak binang teu kabilang, sungkawa murubut tina dua soca salira. "Kapan talaga cinta salira gē sakitu ngemplangna, jeroeun ieu dada."

Bapa Aki

Mang Minta bingung liwat saking. Bingung jeung sieun. Jaba ēra deuih. Kapan manēhna tēh sasat kasebut tokoh masyarakat nu pada ngahurmat ku sakumna urang lembur. Tukang dipēntaan pituah pituduh. Tukang diperedih pamanggih, dipulungan panemuna.
Kawas sabulan katukang, basa Ceu Juha parebut hak asuh anak jeung Mang Jana, popotonganna. Mang Minta nu ngakurkeun deui tepi ka daēk rujuk.
Basa indung nēng Wulan rawah riwih alatan anakna aya nu merkosa, Mang Minta nu laporan ka pulisi tepi ka nu merkosana kacerek. Mang Minta ogē nu teu bosen ngalelemu nēng Wulan tepi ka bisa cageur tina traumana.
Kari-kari ayeuna bet Mang Minta sorangan nu meunang cocoba. Mang Minta bingung teu manggih tungtung, basa sapeupeuting anakna kokohēk bari teu daēk ongkēk. Barang ditalēk, anakna wakca geus tilu bulan teu kareseban. Jelebēt. Karasa ku Mang Minta aya gelap eunteup dina hulu angenna. Sirahna baluweng. Poēkeun. Bingung kudu kumaha nya pipetaeun. Tina tanda-tandana, Mang Minta apal pisan, anakna nu karēk limalas taun tēh tangtu keur nyiram. Mang Minta ogē apal pisan, saha bapa orok nu aya dina beuteung anakna. Nya, manēhna nu remen sapatemon jeung anakna, saprak pamajikanna indit jadi tēkawē di malaysia.

Gebeg

"Dar !"
Gebeg. Reuwas. Keur anteng leumpang bari ngalamun, aya nu ngabētakeun. Uing malik, hayang apal nu boga polahna. Suwung. Taya sasaha. "Ah, rarasaan meureun. tarik teuing ngalamun", cēk hatē. Uing nuluykeun deui lamunan bari leumpang. Inget deui ka manēhna, nu ngajak panggih peuting engkē.

"Dar !"
Gebeg. Reuwas deui waē. Rikat uing malik. Luak-lieuk. Lunga-lengo. Lapur, euweuh sasaha. Na saha atuh nya, nu ngareureuwas tēh. Ngaganggu kanikmatan pisan. Mun kapanggih jelemana moal teu di ...

"Darman ! Hudang siah !", Gebeg. Korējat. "Sangeunahna siah makē jeung hēēs di kelas", guru Tatang ngamang-ngamang jidar kai hareupeun beungeut uing. "Sibeungeut kadituh !"

Cipanon Getih

Samangkok cipanon
hiji indung ngamandian anakna
nu perlaya na tungtung kabingung
basa ngadagangkeun botol-botol nasib
di peuntaseun karaton

Samangkok cipanon
hiji indung ngelap sēsa-sēsa getih
nu garing dina dada barolong anakna 
kaangseu hangit pelor, hangru kabingung
jeung dalingding malati

samangkok cipanon
teu daēk bēak dipakē ngamandian pangeusi nagri

Dongēng Maung

Teuing kumaha mimitina, mangpirang Maung pating belesur meulah jalan di puseur kota, bari teu kendat pating galaur ngawur-ngawur komarana. Pangeusi kota rareuwaseun kacida. Pangeusi kota katawuran. Pating kocēak. Nu lumpat. Nu luncat. Nu katincak. Nu nyumput. Nu hareugeueun, teu kebat ngejat.

Ucing nu keur anteng tepak toēl jeung beurit di sisi jalan, paheula-heula ngalacat ka suhunan toko nu geus leuwih tiheula nutupan panto jeung jandēla. Di jero toko, monyēt ronghok naroong tina sarigsig. Anjing nu keur ngadodoho pingping ēntog, nyempod di jero wadah runtah. Ari bagong nu keur linglung nēangan jalan balik, teu kaburu kabur. Rangsak awakna digaley abringan maung. Sirahna ngacleng. Ragrag hareupeun piriwit nu ngabedega di tengah parapatan. “Anjiiiiiiingngng....!!!” Piriwit ngajerit. Les. Piriwit kapiuhan.

Reg maung-maung areureun. Maung nu panghareupna ngodok pēsak. Ngaluarkeun hēnpon. Teu lila hiung sora sirine. Maung-maung pating belesur, ninggalkeun piriwit nu ngabebengkang di parapatan.

Giwangkara Kulawu

Giwangkara, Ambu
palangsiang bendu
kulawu socana
ngemu hanjelu
kunaon nya ?

boa pēdah urang mindeng dudurukan
ngahaseupan pangambungna
tuh geuning rarayna mani kuleuheu
acukna ogē belewuk jeung barolong
da ditoēlan waē silalatu

kamari mah, Ambu
langit ogē rambisak
ungsrak-ingsreuk dibarung batuk
katara pasiksak
kunaon nya ?

boa pēdah urang pasaliya paham
masēakeun teuing.

Karēta

Karēta urang geus ngadago
Luhur erēlna nu pireu
Kari sababaraha welahan wanci
Ukur bakal nyēsakeun lambaran kekebul
Panineungan kulawu
Jeung haseup hideung di langit biru

Seuneu

Seuneu iman nu ngagebur jero kalbu
Lain jang ngaduruk jeung meruhkeun belis
Tapi jang nyaangan jalan sorangeun
nyingkahan pitapakna nyinglar wisayana

Mangsa seuneu iman geus kakalicesan
Wungkul Nu Hiji nu weruh ngageburkeun
Prak tumamprak
Mēnta bari meta

Padungdung Padung

Padungdengan padung jeung padung
Pahereng-hereng masēakeun bēja teu sarua

Pajar Pasir Pogor rēk minda rupa jadi gor
Pedah Kērkop geus salin jinis jadi pasar
Pasir Pogor tēh cenah rēk dijieun mall
Pēdah Pēngkolan rēk distērilkeun trotoarna
Pan rēk dijieun kota adipura kencana

"Puguh Pasir Pogor mah badē didamel pangbērokan
Pan nu di Banyuresmi tos heurin ku pajabat korup
Patilasan panjara nu di alun-alun saurna badē didamel butik
Paranti istri-istri pangagung garentos raksukan.

Palih lebetna bakal sakantenan aya panti pijet kitu ?"

Padung-padung humarurung
Paungku-ungku ngarungkup bangkarak bēja
Tatalēpa ti paēsan ka paēsan tangka tepi ka ceuli kuncēn.


*) Dimuat dina Galura Minggu III April 2010

Lebaran

Dipentrang di mentrang mentring
Di Pasir Pogor geus heurin ku padung
Handapeun pelengkung payung
Nu nadran pating kecewis
Ngaharēwoskeun Yasin kana tetengger batu
Patēmbalan jeung sora tukang ēs
Nu ceuceuleuweungan ngadagangkeun nasibna

Ti paēsan ka paēsan ngabarak rampē
Paselang jeung bangkarak jampē
Nu leumpeuh balas karērab matapoē

Pabuburit, handapeun sariak layung
Paēsan jeung paēsan silih pencrong
Pating solongkrong laju ngawangkong
Silih agulkeun jampē jeung rampē nu katarima

Taun hareup biheung meunang kiriman


*) Dimuat dina Galura Edisi Minggu III April 2010

Surat Pondok keur ĒSBEYĒ

Naon rugina atuh pegat mimitran jeung manēhna ?
Nu puguh mah untung keur urang.
Da geuning salila ieu gē teu karasa mangpaatna
raket jeung manēhna tēh.

Nu aya, sawatara dulur urang dipeureut kēsang jeung getihna.
Katalangsara. Ditandasa. Dikakaya. Digadabah.
Dijieun tatapakan.
Malah teu saeutik nu tepi ka leungiteun nyawa.

Nu aya, sawatara banda urang dirangsadan.
Ti mimiti naskah-naskah Kuno,
Lagu Rasa Sayang Sayangē, Solēram, Injit-injit Semut,
Kakak Tua, Anak Kambing Saya, Jali-Jali, Angklung, Gamelan,
Musik Indang Sungai Garinggiang, Tari Piring, Pendēt,
Rēog Ponorogo, Kuda Lumping, Motif Batik Parang, Kaēn Ulos, Badik Tumbuk Lada, tepi ka resēp Rendang,
diaku, pajar boga manēhna.
Licik cilimit. Aku-aku angga.
Teu gableg kaisin, ngakuan banda batur.

Nu aya, lembur urang diranjah unggal wayah
lar bus teu makē tatakrama kawas ka kandang hayam.

Geus ! Teu kudu mikir perkara untung jeung rugi.
Bawa balik dulur urang nu guyang kēsang di ditu.
Mending sina guyang leutak di lembur sorangan.
Angguran mah bērē lahan keur ngahirupan kulawargana.
Atuh sabalikna,
dulur-dulur manēhna nu keur icikibung di lembur urang,
ngadon nyeuseup madu kasuburan lembur urang,
ngadon nguyup kēsang jeung getih dulur urang,
ngadon malingan pakaya urang ku cara apik licik,
sina baralik. !

Geus !
Tepi kadieu we tumungkul kana curuk batur teh !
Geura dangah !
Tangtang sagala nu datang ngabar-ngabar hoak !
Teu kudu "MAIN KASAR", tapi urang kudu "HEURAS" !
Urang kudu “TEUAS“ ! Urang Kudu “BEDAS“

Lalangit Langit

Sajatining langit.
teu kungsi katorēkan najan gelap pating jelegēr
tara ngarasa sērab najan tatit pating jorēlat

mun peuting ngalinjing,
langit angger nyaring
maturan bulan ngasuh rēwuan bēntang
bari teu kendat ngecewis
ngaharēwoskeun saniskara dongēng
ka unggal puseur impian

Amanda

Dan senja datang. Matahari menabur jingga di ufuk, mempertontonkan keindahan sinarnya yang hangat. Cikuray yang perkasa, tegak angkuh menantangnya. Matahari pergi sekaki demi sekaki. Sembunyi ia di punggung gunung, membiaskan larik-larik kuning keemasan. Tenggelam. Benam. Hilang.
Dan malam datang. Hitam. Gelap perlahan merayapi bumi. Mengerangkeng kehidupan. Cikuray membisu dalam pekat. Tanpa matahari, langit tak mati. Tetap berseri bersama gemintang dan bulan perahu. Jauh di lembah, lampu-lampu mulai berpendaran. Nyala. Berkilau. Sekerlip kunang di kegelapan.
Kumandang adzan magrib menendang-nendang daun telinga, mengetuk-ngetuk pintu hati. Iblis-iblis menari di mata. Berteriak mengusir sejuta malaekat yang bertasbih di telinga. Macam petani mengusir burung dari sawahnya.
“Shalat dulu, Bang ?!”
“Eh...oh, ya... ya... Ayo !”, aku tergeragap. Anton dan tiga kawannya telah berdiri di sampingku. Di salah satu kaki Cikuray, tempat yang kami janjikan sebagai lokasi start untuk pendakian malam ini.


18.43
“Ton, coba periksa ulang perlengkapan kita !”
“Oke, Bang !” Anton segera membongkar ransel oranye-nya, diikuti ketiga kawannya, Bima, Dhipa, dan Bara yang membawa ransel dengan model dan warna sama. Oranye. Satu persatu isi ransel dikeluarkan. Tenda dum, sleeping bag, matras, kompor, gas, mesting, senter, caramantel, carabiner, kotak P3K, dan perlengkapan lainnya. Dari ransel Dhipa dikeluarkan berbagai bahan makanan. Beras, pop mie, telur asin, roti, coklat, biskuit, jeruk, apel, daging asap, sosis, dan makanan-makanan mewah lainnya.spontan aku berkomentar, “Kalian mau piknik ?”.
“Kita mendaki bukan untuk menyiksa diri atau menyengsara hidup. Itu kan yang Abang bilang dulu.”, Anton menanggapi sambil memeriksa isi ranselnya. Aku tersenyum dibuatnya. Aku ingat bahwa aku pernah menyampaikan doktrin itu dulu kala aku masih seperti Anton. Mahasiswa Pecinta Alam. Ya, kalau memang ada dananya, kenapa mesti menyengsara diri. Kita butuh energi banyak di sini.
“Alat komunikasi ?”, tanyaku ketika tak menemukan satu pun Handy Talky.
“Kami pakai ini”, serentak keempatnya menunjukkan R3100, yang kesemuanya berwarna Oranye.
“Di atas enggak ada listrik, Bung !”
“Jangan khawatir, kami membawa ini !”, mereka menunjukkan masing-masing 3 baterai cadangan. “cukup untuk sepuluh hari”
Segera kukeluarkan 7250 hitam legamku. Saling tukar nomor dan mencocokkan waktu.
“Oke ! Semua lengkap. Rapihkan lagi ! Kita berangkat jam delapan.”, dengan cekatan keempat yuniorku itu merapihkan kembali bawaannya ke dalam ransel masing-masing.
“Ini untuk Abang.” Bima menyerahkan kantung hitam padaku. Segera aku buka. Kaos, topi, bandana, senter dan pelples. Persis seperti yang mereka pakai. Lagi-lagi semua berwarna sama. Oranye.
“Thanks”. Kataku sambil memakainya satu persatu. Tempat air minum aku gantung di pinggangku.
Rrr....rrr....rrr...
Si hitam legam bergertar di saku jeansku. Aku memang terbiasa menyetelnya hanya dalam nada getar. Tanpa ringtone yang macam-macam. Ada SMS masuk. Nomor tak dikenal.


Ingin Kuungkap Rasa.. Tapi Kata Lain Bicara.. Ada Jeda Antara Kita.. Terlalu Jauh Tuk Saling Menemu.. Kuserah Pada Yang Kuasa.. Berbahagialah Engkau Kekasih..!


Sebuah sajak. Lumayan menyentuh. Maka aku balas dengan sajak juga.


Berserah, Langkah Yang Benar.. Tapi Mencoba Bukanlah Dosa.. Jeda Yang Jauh Bukan Kiamat.. Bahagia Bukan Tuk Sendiri.. Bersama Kita.. Mari..!
Send


“Lima menit lagi kita berangkat. Ayo bersiap !”
Keempat yuniorku dengan sigap menyiapkan dirinya masing-masing. Carrier 120 literan telah berada di punggung, dan lampu senter di dahi. R3100 mereka simpan di saku jaket, dengan kabel handsfree menyambung ke telinga.
Kami membikin lingkaran kecil dengan tangan saling menggenggam. Ritual kecil yang menjadi kebiasaan setiap kami akan melaksanakan pendakian. Sekedar mengheningkan cipta, menyiapkan mental, keyakinan dan keteguhan hati, sambil tak lupa berdoa kepada pemilik teguh  untuk keselamatan kami semua.


20.00
Tit…tit…tit…tit…tit…tit…….
Alarm HP kami semua berbunyi bersamaan. Tanda bahwa saatnya telah tiba bagi kami untuk memulai pendakian. Maka kami menutup ritual kami dengan ucapan amin. Lalu menarik nafas panjang dan membuangnya dengan teriakan keras untuk membuang segala ganjalan di hati. Dan kami pun memulai pendakian ini dengan melangkahkan kaki kanan dan ucapan basmallah. Sebuah kebiasaan yang sudah mendarah. Berlaku dengan sendirinya.
Kami berjalan menyusuri jalan kampung yang kecil. Di depan sana, dalam kepekatan malam, tampak kerlip kecil dari sebuah pemukiman. Perkampungan  terakhir yang akan kami lalui. Senter di dahi belum menjalankan fungsinya. Sinar temaram bulan perahu, masih cukup terang untuk membimbing langkah kami. Beruntung kabut tidak turun malam ini. Kami berjalan dalam diam. Dengan pikiran masing-masing. Dengan lamunan sendiri-sendiri.
Aku teringat ketika pertama kali melangkahkan kaki menuju ketinggian Cikuray. Dulu, waktu aku masih rutin mengenakan celana abu-abu, dan bergabung dengan klub pecinta alam sekolahku. Aku terkenang seorang perempuan cantik yang menemani pendakian kami malam itu. Linda. Linda Ekawati, SPd. Guru muda di sekolahku. Pembina klub pecinta alam kami. Guru sekaligus kakak dan sahabat kami, yang menanamkan semangat petualang dan pecinta alam di jiwa kami. ”Alam akan menerima kita dengan ramah jika kita memperlakukannya sebagai sahabat”, katanya malam itu. Dan aku selalu mengingatnya sampai sekarang. Maka ketika aku menjadi mahasiswa, yang pertama aku cari adalah basecamp pecinta alam di kampusku. Lalu aku bergabung di dalamnya, tentu saja setelah melewati serangkaian pendidikan dasar yang tidak mudah dan sungguh tak terlupakan.


20.28
Rrr…rrr…rrr…rr…
Si hitam legam bergetar di saku jeansku. Satu pesan diterima. Nomor yang tadi. Nomor yang tak kukenal.


Kamu Yakin, Van?.. Padamu Aku Yakin.. Tapi Tak Pada Diri Sendiri.. Sungguh Aku Ragu.. Aku Takut, Van.. Aku Hilang Arah, Van.. Di Aku Hanya Ada Gelap..


Lho, kok Van ? Siapa Van ?


Van?.. Siapa Yang Kau Maksud? Dan Siapa Engkau? Aku GARDIA.. Dari Mana Dapet NomorKu?
Send

Oh, ya?.. Kamu Bukan Ivan?.. Aduh, Maaf.. Aku AMANDA.. No Kmu Kudapat Dri DESSY.. Katanya No Baru Ivan.. Kamu Di Mana?.. Aku Di Bandung.. Sekali Lagi Maaf, Yach!
Reply

Its Okay.. Ga Papa, Kok.. Aku Malah Seneng Dapet Temen Baru.. Aku Di Garut.. Skrg Lgi Mendaki Cikuray.. Btw, Siapa DESSY?
Send

Oh, ya?.. Wah, Asyik.. Boleh Donk Minta Edlweisnya.. Selamat Mendaki..
Reply

Thanks.. Edelweisnya Aku Gak Janji..
Send


Dan seterusnya. Jadinya selama perjalanan aku ditemani Amanda melalui SMS-SMSnya. Kami saling kirim sajak-sajak pendek dan humor-humor kecil. Juga membuka diri untuk saling mengenal. Sekarang ini, Amanda tercatat sebagai mahasiswi sebuah Universitas Pendidikan di Bandung.


AkuNgambilFisika..SekarangDahSemesterLima..Gardia?


Aku pernah belajar komputer di Bandung. Dan sekarang hanya menjadi seorang penganggur yang banyak acara. Kupikir tak ada salahnya menjadi penganggur. Aku masih punya seabgreg kegiatan untuk mengisi hariku. Mengisi waktu-waktu luangku. Menyalurkan hobi. Daripada menjadi pegawai negeri rendahan yang suka membuang waktu percuma dengan nongkrong dan bergosip di kantor. Atau menjadi pejabat keparat yang sukanya mencuri uang rakyat dari kas negara. Atau menjadi garong yang selalu diuber-uber aparat.
Dengan mengantongi ijazah pendidikan komputer dari sebuah universitas ternama, tentu tidak sulit bagiku untuk mendapat pekerjaan. Apalagi tulisan Cumlaude terpampang jelas di dalamnya. Tapi, entahlah, sejauh ini aku belum tertarik untuk terikat dengan rutinitas kerja kantoran. Aku masih ingin bebas. Menghirup udara sesuka hati. Merasakan belaian hangat hari, menikmati dekapan dingin malam hitam. Menyaksikan bintang-bintang dan bulan perahu atau purnama.
***


Ruang tengah sebuah rumah di pinggiran kota Bandung. Perempuan setengah baya, di samping jendela kaca, menancapkan matanya ke tayangan sebuah sinema elektronik dari satu statsiun televisi swasta. Di luar rumah, malam hanya menjadi sebuah nama, karena benderang nyala lampu mengusir gelapnya. Lampu-lampu teras rumah, lampu-lampu jalan dan lampu kendaraan saling berlomba mengadu nyala.
Perempuan setengah baya masih terpaku di depan pesawat televisinya. Sesekali matanya melirik ke pintu depan yang terkunci. Ketukan halus yang ditunggunya tak kunjung terdengar. Pesawat telepon merah jambu di sudut ruangan, sudah terlelap sejak sore tadi. Di jendela, ada bulan perahu berkaca, mematut diri. Seberkas cahaya merah, berpendar di sisi kanannya. Milik sebuah bintang kecil.
Perempuan setengah baya di kursi goyang. Lamunnya mengembara, ke dahan-dahan kenangan, ranting-ranting nostalgi yang berserak di pelataran jiwanya. Anaknya tersayang belum pulang dari Cikuray.
“Biasana mah wayah kieu hidep ngetrokan panto lalaunan, Anaking. Atawa nelepon ngabejakeun hidep geus mulang.”(Biasanya gini hari kamu membuat ketukan halus di pintu, Anakku. Atau menelpon memberi kabar kepulanganmu)
Perempuan setengah baya di kursi goyang. Mata bundarnya mulai lelah. Di sela wajahnya yang gelisah, seulas senyum tersungging di bibir. Perempuan setengah baya semakin lemah, terkulai di kursi goyangnya.
Trit…tit…tiiit…Trit…tit…tit…Trit…tit…tit…trit…tit…tit…
Perempuan setengah baya terlonjak kaget dari kursi goyang.
Trit…tit…tiiit…Trit…tit…tit…Trit…tit…tit…Trit…tit…tit
Gontai ia berjalan ke kamarnya. Mencari sumber suara. Suara pesan masuk telepon selular. Lampu XL menerangi kamarnya. Perempuan setengah baya langsung menuju lemari kayu besar di seberang tempat tidurnya. Membuka pintu lemari dan mendapati Nokia-nya dalam keadaan mati. Dahinya berkerut.
Trit…tit…tit…tiiit…Trit…tit…tit…Trit…tit…tit…Trit…tit
Nokia-nya masih juga dalam keadaan mati. Tapi bunyi itu jelas sekali keluar dari ponselnya. Hati-hati, perempuan setengah baya menyalakan ponselnya. Dan bunyi itu tiba-tiba hilang. Sunyi meliputi seisi kamarnya. Dibukanya folder pesan di ponsel itu. Kosong. Lalu dichecknya isi pulsa.


Sisa pulsa Rp.175. Aktif s/d 31/08/04..@


Perempuan setengah baya tertegun di depan lemari kayu. Telepon selular ia genggam di tangan kanan. Perempuan setengah baya ……
***


01.27
“Alhamdulillah…! Thanks Allah …!”
Sebuah ritual kembali mewarnai pendakian kami. Kali ini sebagai tanda syukur atas keberhasilan kami menyentuh puncak Cikuray dengan selamat. Setelah mendirikan tenda, dan membereskan perlengkapan, kami segera berkumpul membuat api ungun dan duduk mengelilinginya. Dhipa mengeluarkan beberapa bungkus cemilan dari ranselnya. Juga mesting dan kompor gasnya. Kita saling berbagi cerita. Berbagi pengalaman.
Rrr…rrr…rrr…rr…


Allow Gardia.. Dah Nyampe Puncak Blon?.. Kalian Baik2 Aja Kan?
Reply


Baru Aja.. Qta Lagi Nikmatin Kopi Panas Sambil Mandang Bintang Di Langit.. Ada Bulan Perahu Berlayar Di Sana..
Btw, Malam Telah Larut, Anak Perawan Kok Belum Berselimut?
Send


Sama Seperti Kamu.. Aku Sedang Mandang Langit Hitam.. Eh, Kamu Lihat Bintang Merah Di Sisi Bulan Perahu ? Itu Punyaku ! Jangan Dicuri, Ya!


Reflek kepalaku mendongak, mencari bintang merah yang Amanda bilang. Oh, God. Dia benar, di sisi kanan bulan perahu ada bintang dengan sinar temaram kemerahan. Cantik sekali. Seperti … Linda Ekawati, Spd.


02.05
“Saatnya tidur. Anton giliran jaga pertama”
Kami segera masuk ke kantung tidur masing-masing. Tidur di samping api ungun. Telentang di bawah langit biru berbintang. Ada bulan perahu berlayar di sana, dan bintang merah temaram di sisi kanannya. Anton memainkan My Hearth Will Go On  dengan harmonikanya. Menyentuh sekali. Sepertinya dia sedang patah hati. Dia selalu begitu setiap kali patah hati. Aku ingat ketika Hesti meninggalkannya. Selama seminggu, setiap malam dia selalu memainkan lagu itu. Yang membuatku kagum, Anton tidak pernah terganggu aktifitasnya hanya karena patah hati. Dia selalu menikmati kesedihannya sendirian. Seperti sekarang ini.
Rrr…rrr…rrr..rr..


Hai.. Aku Ga Bisa Tidur.. Aku Kok Jadi Kepikiran Kamu Terus.. Kmu Tu Orangnya Kayak Gimana Sich?.. Jadi Penasaran..
Reply


Tuhan Akan Mempertemukan Kita.. Suatu Saat.. Di Suatu Tempat.. Di Senyum Bahagia.. Semoga..!
Send


Kapan2 Kalo Gardia Ke Bdg, Kabari Manda, Yach!.. Manda Tunggu Hadirmu.. Pagi.. Siang.. Senja.. Atau Malam Sekalipun.
Reply


Bulan Perahu Mendengar Mimpi Kita.. Dan Angin Kan Meniupnya Ke Pendengaran Tuhan.. Semoga!
Send


Anton masih tenggelam dalam harmonikanya. Menghikmati malam dalam kesendirian. Berkawan bulan perahu dengan bintang merah di sisi kanan. Sementara Bima, Dhipa, dan Bara telah berangkat ke mimpinya masing-masing. Aku pun segera lena dalam belaian lembut harmonika Anton, yang kini memainkan I Will Spent My Life Time Loving You-nya Tina Arena dan Mark Antony.


05.32
“Bang, subuh dulu !”
Bara, yang kebagian piket terakhir malam ini, menghentikan mimpiku. Dhipa sedang menjerang air sambil membakar daging asap, untuk sarapan pagi ini. Bima dan Anton masih sembunyi di balik kantung tidurnya.
“Bangunkan yang lain, Bar !”
Aku beranjak dari kantung tidurku. Di ketinggian Cikuray, sulit mendapat air. Maka aku berwudhu dengan titik-titik embun yang bergelayutan di ujung daun. Selesai shalat, aku segera bergabung bersama Dhipa dan Bara. Secangkir nescafe krim panas menyambutku. Anton dan Bima masih shalat.
Rrr…rrr…rrr..rr..


Di Muka Pintu Masih Bergantung Tanda Kabung... Seakan Ia Tak Akan Kembali... Memang Ia Tak Kembali... Tapi Ada Yang Mereka Tak Mengerti... Mengapa Ia Tinggal Diam Waktu Berpisah.. Bahkan Tak Ada Kesan Kesedihan Pada Muka Dan Mata Itu Yang Terus Memandang Seakan Mau Bilang Dengan Bangga : Matiku Muda *)


06.38
“Bang, saya mau survei ke Cihanyawar. Jam 3 saya kembali.”
“Oke. Jangan lupa bawa air yang cukup dari sana, Ton !”
“Siap, Bang.”
“Bara, temani Anton. Dhipa ikut saya survei lokasi untuk navigasi dan survival. Bima tunggu di sini. Masak yang enak, ya !”
“Siap, Bang !”, ketiganya menjawab serentak.
“Kita berangkat setelah sarapan”
Dhipa mengeluarkan sebungkus roti tawar dari ranselnya. Kami sarapan roti dengan daging asap sebagai lauknya. Cangkirku telah berganti isi dengan susu hangat.


07.00
Anton dan Bara meninggalkan perkemahan. Mereka berjalan ke barat, menuju sebuah air terjun. Orang-orang menyebutnya Curug Cihanyawar. Sebuah tempat yang lumayan asyik untuk sekedar refreshing. Air terjunnya kecil dan tidak terlalu tinggi. Hawanya sejuk. Di sekelilingnya banyak ditumbuhi pepohonan, dan perdu-perdu. Rencananya tempat itu akan kami jadikan lokasi ikat syal . Aku dan Dhipa menyiapkan perlengkapan navigasi, lalu berangkat ke arah timur.
***


Curug Cihanyawar, menjelang siang. Sepi. Mungkin karena bukan hari libur, jadi tidak ada orang yang berkunjung ke sana. Hanya ada seorang Bapak Tua dan isterinya yang sedang mencangkul ladangnya di sebelah bawah air terjun, dan seorang perempuan muda duduk di saung tidak jauh dari air terjun. Anton dan Bara langsung menuju kubangan tempat curahan air terjun. Titik-titik air memerciki tubuh mereka, memberi segar pada yang kelelahan sehabis melakukan perjalanan jauh. Mereka menanggalkan pakaiannya, lalu berendam.
Puas berendam, mereka segera mengenakan kembali pakaiannya, dan melaksakan tugasnya. Mencari lokasi untuk acara ikat syal. Akhirnya mereka sepakat bahwa acara akan dilaksanakan di bawah curahan air terjun. Bara mengisi jerigen dengan air langsung dari curahan air terjun.
“Lagi kemping di mana, Mas ?”, suara lembut seorang perempuan, cukup membuat Anton dan Bara terkejut.
“Eh, hai…anu eu… di atas. Di Cikuray.”, Anton menjawab sedikit terbata. Dia terkesima melihat kecantikan perempuan yang tiba-tiba sudah berdiri di sampingnya. Tubuhnya semampai. Lebih tinggi dari dirinya. Perempuan itu memakai jaket bertuliskan sebuah Universitas Pendidikan di Bandung.
“Oh… kenalkan, saya …… Amanda”
“Anton”
“Saya Bara”, segera naik setelah mengisi penuh jerigennya.”Lagi ngapain sendirian di tempat sepi kayak gini ?”
“Tidak. Saya tidak sendiri. Teman-teman saya sedang jalan-jalan di kebun teh di atas sana. Saya kecapean dan disuruh istirahat dulu di sini. Tapi sampai sekarang mereka belum kembali.”
“Sudah berapa lama mereka pergi ?”
“Lima hari”
“Apa ?”, Anton dan Bara berteriak serentak.
***


15.24
Anton dan Bara belum kembali ke perkemahan. Bima sudah menyiapkan nasi liwet, goreng sosis, sambal, dan lagi-lagi daging asap bakar. Dhipa tampaknya sudah sangat lapar.
“Sudah, kita makan duluan saja. Buat mereka kita pisahkan saja.”


17.30
Anton dan Bara masih belum kembali. Cemas mulai membayang di wajah kedua yuniorku. Aku sendiri sebenarnya sangat khawatir, namun aku tak mau membuat mereka panik. “Coba kau hubungi lagi mereka, Bim !”.
Bima dan Dhipa segera mengambil R3100 masing-masing. Bima mencoba memanggil Anton, dan Dhipa memanggil Bara. Tulalit. Keduanya masih tidak bisa dihubungi. Sedang tidak aktif atau luar jangkauan.
“Tadi pagi mereka baru ganti baterai, jadi tidak mungkin kalau habis. Jaringan di sini cukup kuat, tidak mungkin di luar jangkauan. Ke mana mereka ?”, bathinku cemas. Aku mulai membayangkan hal-hal buruk yang mungkin menimpa mereka. Mungkin jatuh saat menuruni lereng, atau kesasar, atau dimangsa binatang buas atau …… . Aku tak berani membayangkan hal yang buruk lagi yang menimpa mereka. Aku hanya bisa berharap dan tak henti berdoa agar mereka selamat. Semoga Tuhan tak tuli dan mendengar doaku.
“Dengan atau tanpa mereka, jam delapan kita turun. Sekarang, kita pack perlengkapan.”
Rrr…rrr…rrr..rr..
Masih Di Atas?... Kapan Turun?... Keep In Touch, ya! I will Be Here And Waiting For You... Take Care, Boy!
Reply


Masih... Baru Bersiap Turun.. Dua Kawanku Belum Kembali..
Send


01.13
Kota mati. Sepi. Tak berpenghuni. Lampu-lampu jalan menyambut hadirku. Satu dua lelawar melebarkan sayapnya. Menghikmati kesunyian kota. Kaki-kaki lesu kami seret ke arah barat. Sebuah taman kota. Alun-alun. Lapangan lega di depan sebuah masjid megah. Lampu-lampu taman berkerlap-kerlip. Indah. Pelita di hitam pekat. Tubuh-tubuh lunglai hempas di bangku taman. Bangku-bangku yang terbuat dari campuran pasir dan semen. Melempar lelah ke alam mimpi. Ke negeri antah berantah yang entah di mana.
Tak jauh dari tempat kami, bergelimpangan tubuh-tubuh kurus dan lusuh. Tanpa selimut. Beralaskan koran dan sobekan kardus. Tunawisma. Mereka menitipkan mimpinya pada bulan perahu dan bintang merah di sisi kanannya. Di seberang sana, rumah Tuhan berdiri megah dengan lampu-lampu benderang. Teras keramiknya terlarang bagi tubuh-tubuh dekil.
Anton dan Bara belum juga mengabarkan keberadaannya.


05.47
Rrr…rrr…rrr..rr..
Si Hitam Legamku bergetar. Sebuah panggilan. Bara. Bara memanggil.
“Hallo !”
“Bang, kami di rumahsakit. Anton pingsan. Belum sadar sampai sekarang”
Oh, God……Segera kuhentikan mimpi kedua yuniorku. Kami meluncur ke rumah sakit. Dan kudapati Anton terbaring tak berdaya di ranjang putih. Bara tertduduk lesu di sampingnya.
“Kami bertemu seorang perempuan cantik. Dia ditinggal kawan-kawannya. Kami bermaksud mengantarnya sampai ke jalan raya, tapi dalam perjalanan tiba-tiba dia berubah menjadi asap dan menghilang tanpa bekas. Anton kaget dan terpeleset. Dia jatuh dan pingsan”
“Kenapa kalian tak menghubungi kami ?”
“HP kami tiba-tiba mati. Baru nyala lagi tadi”
***


Kediamanku. Seminggu kemudian. Heran. Dalam seminggu ini, Amanda tak bisa kuhubungi. SMS-SMSku tak ada yang sampai. Semua pending. Setiap kupanggil selalu dijawab Veronica. Kemana gerangan kawan baruku itu.
Rrr…rrr…rrr..rr..


Hai.. Pa Kabar?.. Kangen Ya?.. Kamu Nelpn Aja Deh Ke Rumah.. Ni Nomornya.. (022)2009xxx
Reply


Iya Nih.. Kemana Aja Sich?.. Susah Bgt Dihubungi.. Aku Ada Rencana Ke Bandung Minggu Ini.
Send


Rrr…rrr…rrr..rr..


Pending


Lho, kok pending lagi. Padahal jelas-jelas barusan dia yang nge-SMS. Oke, Manda. aku ikuti maumu. Aku telpon kamu di rumah sekarang juga.
Tuut…tuuut…tuuut… Tersambung.
“Hallo !”, suara seorang perempuan setengah baya. Mungkin ibunya.
“Assalaamu’alaikum. Amandanya ada, Bu ?”
“Amanda ?”, tampak ada nada kaget di suaranya.”Oh, Amanda tidak di sini lagi. Adik ini siapa, ya ?”
“Saya Gardia. Temannya. Barusan Amanda nge-SMS saya dan menyuruh saya nelpon ke sini.”
“Jangan bercanda kamu, Dik. Berapa nomor HP-nya”
“0856256xxxx. Memang sekarang Manda tinggal di mana, Bu ?”
“Betul, itu nomor Amanda. Sekarang dia di Cikutra.”
“Apa di sana ada telpon ? HP-nya tak bisa dihubungi.”
“Sudah berapa lama Adik kenal Amanda ?”
“Seminggu yang lalu ketika saya sedang mendaki Cikuray. Amanda salah kirim SMS ke nomor saya.”
“Oh … tidak mungkin……”, suaranya kembali menunjukkan rasa kaget. “Amanda sudah meninggal, Dik. Dua minggu yang lalu …… di … Cikuray.”
“Apa ?”, kagetku bukan alang kepalang. Aku terdiam beberapa jenak. Tidak mungkin. Tidak mungkin, pikirku. Mencoba menenangkan gebalau di hati. aku tidak percaya. Sama sekali tidak percaya. “Jangan bercanda, Bu. Lantas siapa yang selama ini nge-SMS saya ?”
“Ibu tidak bercanda. Amanda sudah meninggal dua minggu lalu. Jasadnya dimakamkan di Cikutra. Dan sejak itu HP-nya ada tersimpan di lemari ibu dengan sisa pulsa hanya Rp. 175,-“
Oh, God ……






*) Petikan sajak Ziarah karya Soebagyo Sastro Wardoyo

Lalampahan

Anjeun mitembeyan ngaheumbatkeun lēngkah
Basa nu sējēn geus mimiti ngayuman lampah
Ngabebenah tangtungan nu wawayagon
Memener kurungan nu karancang
Meresihan pipinding nu rumeuk
Balas dipakē idek liher sakadang belis jeung barayana.

Rerencepan, anjeun jeung uing ngeureuyeuh leumpang
Dina tatapakan mangsa nu teu kungsi reureuh lumampah
Dina gurudug waktu nu terus mangprung ngudag tungtung
Dina marudahna rasa, kakeueung jeung kaludeung nu silih sigeung
Kahayang nu kahalangan kamelang, jeung kalangkang nu anggang.

Anjeun, uing, jeung nu sējēn pada boga udagan
Ngalun dina kamalir sēwang-sēwangan.



*) Dimuat dina Rubrik Budaya Kabar Priangan, Rebo, 23 Maret 2011

Lewang

Aweuhan magrib patēmbalan jeung sora kelakson,
ukur kapireng ngagerendeng dina pangreungeu
basa anjeun ngaberung ngumbar kabingung
nu satia ngukuntit saban heumbatan lēngkah.
di sapanjang trotoar pangwangunan
nu heurin ku pirang-pirang nasib.

di masigit, mangpirang sajadah humandeuar
ngariung merebot nu ngalungsar tukangeun paimbaran
nungguan sakadang lēptop rēngsē ngagalindengkeun adzan.

di pipir masigit, di juru wangunan nu teu pati caang,
kohkol morongkol hareupeun bedug nu keur jamedud,
lalajo tukang parkir nu keur ngēntēpan motor jeung mobil
lalajo abringan lēptop jeung hēnpon muru pancuran,
dianteur ku teuteup nu bogana nu keur balakēcrakan
handapeun caringin kurung.

di alun-alun peuntaseun masigit,
handapeun tihang bandēra nu kabulusan,
barudak arandekak diamparan sarung jeung sajadah
naranjangan kahayang, molototan nu sataranjang jeung ranjang.
sawarēh pating belewer malēdogkeun kelēt jeung SMS
ka unggal mukena nu cilingcingcat ngawurkeun rindat.

Palangsiang, palebah dieu tungtung waktu nyirurukna



*)Dimuat dina Rubrik Budaya Kabar Priangan, Rebo, 23 Maret 2011

Leungiteun

: Nini Pangebon

Angkat ka mana atuh salira tēh ?
lami teu sumping ka buruan impēnan.

unggal wengi diiintip tina sarigsig angin kasimpē
di toong tina polongo lawang kalewang
diimeutan tina suhunan kasuwung

welēh, salira teu baē cunduk, geuning.
tuh, campaka nu mangkukna mangkak,
ayeuna bet ngulahēk langlayeuseun.
di juru, sedep malem leungiteun dalingdingna
pon kitu anggrēk bulan, kembang urang duaan
bangun nu horēam nēmbongkeun cahayana...

angkat ka mana atuh salira tēh ?

Tulisan Petingan