Kamis, 19 Januari 2012

Nagih Hutang

Sakumaha biasa, jam tujuh isuk-isuk geus aya di kantor. Trēt, ngabsēn. Bus ka rohang Bad Debt. Mērēsan berkas-berkas surat tagihan, pigawēeun poē ieu. Rupa-rupa geuning tagiheun tēh.

Jam dalapan. Waktuna indit nagihan. “Bismillah...”, cekēng bari ngalēngkah. Mēmēh clak kana motor, makē heula jēkēt kulit pamahugi indung budak. Biur, si kukut ninggalkeun pakarangan kantor. Mapayan alamat tepunganeun. Rupa-rupa pangbagēa ti nu boga hutang tēh. Malah aya nu embung nepungan-nepungan acan.

Basa ngaliwat ka palebah Simpang Tilu, teu ku hanteu bet kapegat ku oprasi pulisi. Saurang pulisi nyampeurkeun, bari ngocoblak ngawangkong jeung hēnpon. Manēhna mareuman motor, terus ngajabel koncina. Basa manēhna nyentak nanyakeun SIM jeung STNK,  karērēt aksara ngajeblag dina dadana. “Pa Usep ?”, ceuk kuring jiga nu wawuh. Manēhna unggeuk. ”Ti Kadungora ?”, manēhna unggeuk deui. “Lakadalah, kaleresan Bapa. Abdi teu kedah ka bumi.” Ēta pulisi kerung. Merhatikeun kuring ngodok eusi kantong. “Abdi ti leasing, Bapa, badē ngadugikeun ieu”, cekēng bari ngasongkeun surat tagihan, “tos elat dua sasih, Pa !”. Manēhna luak-lieuk. “Ka rorompok wē, ka Ibu”, pokna ngaharēwos bari mikeun deui konci motor.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan