Kamis, 19 Januari 2012

Giwangkara Kulawu

Giwangkara, Ambu
palangsiang bendu
kulawu socana
ngemu hanjelu
kunaon nya ?

boa pēdah urang mindeng dudurukan
ngahaseupan pangambungna
tuh geuning rarayna mani kuleuheu
acukna ogē belewuk jeung barolong
da ditoēlan waē silalatu

kamari mah, Ambu
langit ogē rambisak
ungsrak-ingsreuk dibarung batuk
katara pasiksak
kunaon nya ?

boa pēdah urang pasaliya paham
masēakeun teuing.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan