“Lawas teu tepang, ieu kasono meni moho. Ka mana baē atuh Jungjunan tēh ?”, ceuk hiji SMS. Duka ti saha, da teu wawuh nomerna gē. Teu hayang ngawalonan. Ceuk pikir tēh paling gē nu iseng atawa nu salah kirim. Gancang didēlēt. Bisi kaburu kapanggih ku manēh. Lain maksud rēk sumput salindung. Ieu mah sakadar nyinglar papasēaan. Da manēh mah geuning sok timburuan.
“Manawi aya waktos, diantos wengi engkē di tempat sasari. Hoyong namplokkeun kasono”. Geus jol deui baē SMS ti nomer nu tadi. Gura-giru didēlēt, basa hawar-hawar manēh nyalukan. Orokaya ieu hapē geus ngeleter deui. “Omat, Kasēp, engkē wengi mah ulah teu sumping. Kamar 214. Tanteu sono pisan”. Bedul tēh, awēwē ateul geuning, makē jeung nyebut kasēp sagala.
“Keur naon kēnēh atuh ari Euis ... gancang bisi kaburu macēt !”, ceuk manēh bari nololkeun beungeut kasēp kameumeut urang.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tulisan Petingan
-
sajak-sajak balatak hirup angger balangsak tunggara teu bēak-bēak beurang peuting rambisak lambaran harepan rangsak impian bēak disasaa...
-
“Lawas teu tepang, ieu kasono meni moho. Ka mana baē atuh Jungjunan tēh ?”, ceuk hiji SMS. Duka ti saha, da teu wawuh nomerna gē. Teu hayang...
-
Samangkok cipanon hiji indung ngamandian anakna nu perlaya na tungtung kabingung basa ngadagangkeun botol-botol nasib di peuntaseun kara...
-
"Kaharti ayeuna mah. Paingan atuh harita loba nu datang ka dēwēk. Pasubuh-subuh. Parēbo-rēbo. Padeuheus-deuheus. Miharep sih piwelas dē...
-
Kepada perempuan tua di tengah samudera : “Engkau lahirkanku, untuk menjadi suamimu” Senja menjelang Engkau masih telanjang Di ranjang T...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar