Kamis, 19 Januari 2012

Kaēndahan Peuting

dina tēlēvisi, pulisi nēwakan careuh
bulan di sisi jalan

lalaki awēwē balawiri
dina reup bray kingkilaban peuting
panggero malēkat kasilep brangbrēngbrong
musik teu puguh dēngēkeuneun
seuri durjana nyakakak tina botol-botol campaigne
jaladri ngagalura jero dada
ngawurkeun hangru naraka
kēsang nyarakclakan ngajanggēlēk talaga peteng
karem birahi dina keukeupan

“wonderfull tonight”

ku ēndah peuting maksiat.
pikabitaeun.

ti mēja ka mēja salaksa
malēkat bur ber nyatetkeun billing.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan