Kamis, 19 Januari 2012

Bangkarak Bagja

Sangsara ngantay sapanjang jalan ka lawang jaman
‘na sarakan saat bangkarak bagja rangsak
Balas kasasaak mangsa
Raga nyangsaya taya tangan pangawasa
Tapak-tapak panandasa raca saawak-awak
‘na dada ‘na mastaka ‘na panangan ‘na palangkakan

Kakawasaan ngagalaksak taya ras-rasan
Tangkalna ngarandakah sanajan rada ngarangrangan
Kalakayna ngabarak ngabalaan pakarangan

Hanjakal raga taya gadag
Hayang ngalawan taya tanaga

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan