Kamis, 19 Januari 2012

Lewang

Aweuhan magrib patēmbalan jeung sora kelakson,
ukur kapireng ngagerendeng dina pangreungeu
basa anjeun ngaberung ngumbar kabingung
nu satia ngukuntit saban heumbatan lēngkah.
di sapanjang trotoar pangwangunan
nu heurin ku pirang-pirang nasib.

di masigit, mangpirang sajadah humandeuar
ngariung merebot nu ngalungsar tukangeun paimbaran
nungguan sakadang lēptop rēngsē ngagalindengkeun adzan.

di pipir masigit, di juru wangunan nu teu pati caang,
kohkol morongkol hareupeun bedug nu keur jamedud,
lalajo tukang parkir nu keur ngēntēpan motor jeung mobil
lalajo abringan lēptop jeung hēnpon muru pancuran,
dianteur ku teuteup nu bogana nu keur balakēcrakan
handapeun caringin kurung.

di alun-alun peuntaseun masigit,
handapeun tihang bandēra nu kabulusan,
barudak arandekak diamparan sarung jeung sajadah
naranjangan kahayang, molototan nu sataranjang jeung ranjang.
sawarēh pating belewer malēdogkeun kelēt jeung SMS
ka unggal mukena nu cilingcingcat ngawurkeun rindat.

Palangsiang, palebah dieu tungtung waktu nyirurukna



*)Dimuat dina Rubrik Budaya Kabar Priangan, Rebo, 23 Maret 2011

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan