Kamis, 19 Januari 2012

Pati

Seug anjeunna sumping, Kaulanun, ieu jisim moal rēk ngeleper. Malah gapura rēk dirarangkēnan ku ranggeuyan manglē, malati jeung sedep malem. Jeung tangara rēk dititah ngidung. Sabab geus kadēngē ku ceuli hatē, hiliwirna ‘nu ngagalur antara poēk jeung balēbat subuh

Seug anjeunna sumping, Kaulanun, nya naon atuh nu perelu dipikasieun. Rarayna nu sakitu suminarna, ngahiap lumpat nyiruruk kana pangkonan.

Ihlas, Kaulanun, ieu jisim nyumputkeun teuteup, tina pirang-pirang kaēndahan luhureun legana dunya.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan