Kamis, 19 Januari 2012

Bapa Aki

Mang Minta bingung liwat saking. Bingung jeung sieun. Jaba ēra deuih. Kapan manēhna tēh sasat kasebut tokoh masyarakat nu pada ngahurmat ku sakumna urang lembur. Tukang dipēntaan pituah pituduh. Tukang diperedih pamanggih, dipulungan panemuna.
Kawas sabulan katukang, basa Ceu Juha parebut hak asuh anak jeung Mang Jana, popotonganna. Mang Minta nu ngakurkeun deui tepi ka daēk rujuk.
Basa indung nēng Wulan rawah riwih alatan anakna aya nu merkosa, Mang Minta nu laporan ka pulisi tepi ka nu merkosana kacerek. Mang Minta ogē nu teu bosen ngalelemu nēng Wulan tepi ka bisa cageur tina traumana.
Kari-kari ayeuna bet Mang Minta sorangan nu meunang cocoba. Mang Minta bingung teu manggih tungtung, basa sapeupeuting anakna kokohēk bari teu daēk ongkēk. Barang ditalēk, anakna wakca geus tilu bulan teu kareseban. Jelebēt. Karasa ku Mang Minta aya gelap eunteup dina hulu angenna. Sirahna baluweng. Poēkeun. Bingung kudu kumaha nya pipetaeun. Tina tanda-tandana, Mang Minta apal pisan, anakna nu karēk limalas taun tēh tangtu keur nyiram. Mang Minta ogē apal pisan, saha bapa orok nu aya dina beuteung anakna. Nya, manēhna nu remen sapatemon jeung anakna, saprak pamajikanna indit jadi tēkawē di malaysia.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan