Kamis, 19 Januari 2012

Surat Pondok keur ĒSBEYĒ

Naon rugina atuh pegat mimitran jeung manēhna ?
Nu puguh mah untung keur urang.
Da geuning salila ieu gē teu karasa mangpaatna
raket jeung manēhna tēh.

Nu aya, sawatara dulur urang dipeureut kēsang jeung getihna.
Katalangsara. Ditandasa. Dikakaya. Digadabah.
Dijieun tatapakan.
Malah teu saeutik nu tepi ka leungiteun nyawa.

Nu aya, sawatara banda urang dirangsadan.
Ti mimiti naskah-naskah Kuno,
Lagu Rasa Sayang Sayangē, Solēram, Injit-injit Semut,
Kakak Tua, Anak Kambing Saya, Jali-Jali, Angklung, Gamelan,
Musik Indang Sungai Garinggiang, Tari Piring, Pendēt,
Rēog Ponorogo, Kuda Lumping, Motif Batik Parang, Kaēn Ulos, Badik Tumbuk Lada, tepi ka resēp Rendang,
diaku, pajar boga manēhna.
Licik cilimit. Aku-aku angga.
Teu gableg kaisin, ngakuan banda batur.

Nu aya, lembur urang diranjah unggal wayah
lar bus teu makē tatakrama kawas ka kandang hayam.

Geus ! Teu kudu mikir perkara untung jeung rugi.
Bawa balik dulur urang nu guyang kēsang di ditu.
Mending sina guyang leutak di lembur sorangan.
Angguran mah bērē lahan keur ngahirupan kulawargana.
Atuh sabalikna,
dulur-dulur manēhna nu keur icikibung di lembur urang,
ngadon nyeuseup madu kasuburan lembur urang,
ngadon nguyup kēsang jeung getih dulur urang,
ngadon malingan pakaya urang ku cara apik licik,
sina baralik. !

Geus !
Tepi kadieu we tumungkul kana curuk batur teh !
Geura dangah !
Tangtang sagala nu datang ngabar-ngabar hoak !
Teu kudu "MAIN KASAR", tapi urang kudu "HEURAS" !
Urang kudu “TEUAS“ ! Urang Kudu “BEDAS“

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan