Kamis, 19 Januari 2012

Padungdung Padung

Padungdengan padung jeung padung
Pahereng-hereng masēakeun bēja teu sarua

Pajar Pasir Pogor rēk minda rupa jadi gor
Pedah Kērkop geus salin jinis jadi pasar
Pasir Pogor tēh cenah rēk dijieun mall
Pēdah Pēngkolan rēk distērilkeun trotoarna
Pan rēk dijieun kota adipura kencana

"Puguh Pasir Pogor mah badē didamel pangbērokan
Pan nu di Banyuresmi tos heurin ku pajabat korup
Patilasan panjara nu di alun-alun saurna badē didamel butik
Paranti istri-istri pangagung garentos raksukan.

Palih lebetna bakal sakantenan aya panti pijet kitu ?"

Padung-padung humarurung
Paungku-ungku ngarungkup bangkarak bēja
Tatalēpa ti paēsan ka paēsan tangka tepi ka ceuli kuncēn.


*) Dimuat dina Galura Minggu III April 2010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan