1/
Milangkala nagara urang
dibagēakeun ku ranggeuyan malati jeung seuseukeut balati
nu ngabarak sapanjang jalan ka pajaratan
2/
Aya anjing paungku-ungku jeung ucing
nyeungceurikan bugang bagong
nu palastra na tungtung kasarakahan beurit
3/
Aya abringan bedil nu burial buncelik
ngudag-ngudag dalang rajapati
atawa tukang korupsi
nu nyamuni jero lomari,
satukangeun jas dokter
atawa ngencar ka peuntas nagri.
4/
Aya aweuhan bangingik rampak ceurik
Alatan peujit murilit, alatan teu bisa nyiar duit,
alatan teu boga ijasah, alatan taya waragad sakola
alatan indung bapana sangsara
5/
Aya tukang korupsi nu sukaseuri
da tērēh ngencar ti bui
da meunang rēmisi najan bari teu kaharti
da ka nu maling sapi mah geuning teu nepi
6/
Aya nu ragēg silih sēgag
parebut hancengan jadi malēkat
pikeun nyalametkeun belis nu kacerek aparat
sawarēh naker tanaga ngagogogan aparat
7/
Milangkala nagara urang
diramēkeun ku pangagung nu silih suntrung,
silih tundung bari paciwit-ciwit lutung
8/
Milangkala nagara urang,
milang sēsa rēnghap nu nyelap dina unggal rēngkak.
Garut Agustus 2010-2011
Selasa, 24 Januari 2012
Karumasa
1/
: Sungsian…..!
Uing teu keur nyieun pitapak
Satemenna
Ieu uing
Purnama nu tuna cahaya
Geus ngiwat kalangkang giwangkara
Sangkan peuting teu hideung teuing
Jeung sulintang boga batur keueung
Jeung walungan teu leungiteun kamalir
Jeung anjeun laksana ngarampa karadak
Hirup uing.
2/
: Kasuari
Anjeun nu teu welēh cangcaya
Teu bisa majar kumaha
Tētēla cinta leuwih bedas batan curiga
Geuning ayeuna anjeun geus jeneng indung
Najan uing can sampurna jadi bapa
2007 - 2008
Dimuat dina Rubrik Budaya Kabar Priangan, Rebo, 23 Maret 2011, jeung
Rohang Sajak Radar Tasikmalaya, Minggu, 3 April 2011

Lalajo Longsēr
Nepangkeun abdi pun garong
Bēgal bengal ti leuweung gerot
Kumis baplang sanggadulang
beungeut barangasan sahaok kadua gaplok
Tukang bobok tukang tarok tukang nyingsatkeun anderok
nu lalajo keprok. Kagugu ku polah garong
abdi pulisi tukang nēwak garong
boga bedil boga pēstol
mun beunang tangtu garong diborogod
apan abdi panyalindungan somah
nu lalajo rajeg narangtung malēdogan panggung
Eu … abdi minangka kokolot lembur
Purah metakeun kahayang somah
Dipikolot balarēa. Dihurmat. Diajēnan.
Abdi …
nu lalajo bubar baralik bari kukulutus
longsēr bedo Ki Panjak calawak
Garut, 2004
Dimuat dina Majalah Kandaga No.03 /Thn.I/Agustus 2009

Leungiteun
Saleuwi hariring
Prang pring
Garing
Saēmpang sajak
Nonggērak
Bēak
Hariring dangding wening
Leungit dipaling bajing
Sajaksajak rampak
Lēnang diacak gagak
Garut, 1 Juli 2004
Dimuat dina Majalah Kandaga No.03 /Thn.I/Agustus 2009
Prang pring
Garing
Saēmpang sajak
Nonggērak
Bēak
Hariring dangding wening
Leungit dipaling bajing
Sajaksajak rampak
Lēnang diacak gagak
Garut, 1 Juli 2004
Dimuat dina Majalah Kandaga No.03 /Thn.I/Agustus 2009
Ngadagoan
Purnama ngeunteung ‘na kaca jandēla
Awēwē tengah tuwuh neuteup
Anteb luhureun risbang.
Suni.
Hawar-hawar sora anjing ngagogog,
Teuing ngagebah naon.
Jarum jam karēk usik salēngkah
Basa Bagimu Negeri ngagalindeng.
Awēwē tengah tuwuh mareuman televisi
Remote control dina leungeun kēnca
Lampu lima welas watt geus lila pareum.
Awēwē tengah tuwuh luhureun risbang
Panon na seukeut mubus mongklēng
Neuteup purnama ‘na kaca jandēla
Sakapeung ngalieuk ka panto hareup.
Nulak.
‘nu keketrok teu singna datang.
Telepon di juru kamar geus tibra
Ti sorē mula.
Awēwē tengah tuwuh luhureun risbang
Panon buleud mimiti ceuleuyeu
Sakapeung ngarēnjag reuwas.
Beunta.
Ngeleyep deui.
Jarum jam eunteup ‘na angka opat
Basa awēwē tengah tuwuh
Ngulahēk, ngalemprēh luhureun risbang
Aya imut dina rarayna ‘nu marudah.
Garut, 2003

Pitapak Dukun Lepus
"Kaharti ayeuna mah. Paingan atuh harita loba nu datang ka dēwēk. Pasubuh-subuh. Parēbo-rēbo. Padeuheus-deuheus. Miharep sih piwelas dēwēk". Serebung. Bah Damini niupkeun haseup surutu. Panonna teu leupas tina tipi ēlsidi sagedē lomari. "Kabēh papada hayang disarēatan. Dipangnarēkahankeun. Mēnta-mēnta, sangkan kabagēan korsi”. Gap kana emuk. Suruput. Cag. Cikopi ngagarantung dina kumisna. “Heueuh teu rēk parebut kumaha atuh. Harega korsi tēh hijina dua puluh juta geuning. Mahi jang maraban jelema sakacamatan”. Selengseng. Ti palebah kamar kaangseu beuleum menyan. “Tah, aya nu rēk datang yeuh !”. Rap makē pangsi. “Padahal najan jieunan Jērman gē, angger wē geus dikokos beurit mah, rawēk korsi tēh”. Cetrēk. Mareuman tipi. Bus ka kamar. Poēk. Pindingna sing sarwa hideung. Ukur dicaangan ku ruhak parupuyan. Andekak. Gegerenyeman. Haseup ngelun tina parupuyan. Jelegedeg. “Nuhun, Bah. Ku tarēkah Abah, uing laksana kabagēan korsi”. Rup. Nu ngabedega dirungkup ku heurap. “Beunang, siah ! Hurungkeun lampuna, Bah !”. Cetrēk. Bray. Jelema ngagimbung di jero kamar. Samagrēng. Ngariung beurit gedē nu keur kokosēh handapeun heurap.
Ēksodus Beurit
Rēa beurit. Pating kurumuy tina saban liang. Ngabandaleut. Minuhan dayeuh. Ayeuh-ayeuhan. Sajajalan. Euyah-euyahan. Ngacung-ngacung poster jeung spanduk. Pating belewer malēdogkeun amarah. Sawarēh nyalingker. Ngaranjah toko. Ngaranjah bank. Ngaranjah pabrik. Pausahaan swasta. Pangbērokan. Kantor pamarēntah. Malah gedong dēwan ogē geus heurin ku beurit. Barisan ucing nu samagrēng ku pakarang teu walakaya. Da geuning mandahna keur andekak, ngalētakan buntut beurit nu geus salin jinis jadi dasi. Di ēmpangna, buhaya nu can rēngsē pasēa jeung cakcak, ngahēphēp. Tonggoy. Ngahēnggoy pingping munding. Pamahugi beurit.
Pabeubeurang. Beurit laluncatan kana lambaran koran. Ka jero tipi. Kana radio. Awong-awongan. Ngumbar jangji jeung pangbibita. Bari ngabar-ngabar ancaman.
Kapaksa. Pangeusi nagri miyuni beurit. Ngabuburak ucing. Ngagayem lambaran pabukon nu teu kungsi dibaca. Ngorowotan eusi leuit. Ngaranjah sawah. Leuweung. Lembur. Di mamana aya beurit. Silih sēbrēd. Silih sogot. Silih korowot. Silih tēmbongkeun sihung. Parebut ranjaheun.
“Uing geus jiga beurit acan ?”, ucing ngeleper, mencrong beungeut anjeun.

Salingkuh
“Kang, ka jamban heula atuh”, ceuk manēh bari mikeun anduk. Tuluy dangdan.
Geus tilu bulan. Manēh bet asa bēda. Jadi remen aya di imah. Arang katara balanja. Atawa ngajak jalan-jalan. Balik ti pagawēan, kaprak keprek masak. Tara ngajak dahar di luar, cara biasa. Pajar tēh mēh hēmat tur sēhat.
Ngan nu teu kaharti, duit bulanan bet angger teu nyukupan. Na dipakē naon waē ? Palangsiang... duh...
Rēk nanya, teu wasa. Sieun kasigeung. Meni teu percaya, meureun cēk manēh tēh. Tapi hatē panasaran. Kamari mah manēh dituturkeun ka pagawēan. Dumēh ceuk manēh, mandor bogoheun. Sapoē jeput disērangkeun ti kajauhan. Welēh taya tanda-tanda nu nyurigakeun. Angger panasaran. Jadi bingung, kudu kumaha pipetaeun. Katambah-tambah kamari narima deui surat ti nu jadi indung. Nginjeum duit jang meuli ubar bapa. Duh, da seug aya mah moal diinjeumkeun, deuk dibikeun. Ari euweuh mah naon nu kudu dibikeun atuh. Rēk mēnta tina cēngcēlēngan manēh, teu tēga. Kapan ēta mah geus diancokeun jang ngabagēakeun si utun inji.
Kringng... Sora telepon. Gancang diangkat. “nuhun, kasēp, kintunan tos katampi. Didungakeun ku Ema jeung Bapa sing rēa rejeki. Dungakeun baē bapa hidep sing geura cageur. Ngarah geura bisa mayar sametan. Bējakeun ka si geulis minantu ema, nuhun pisan kituh ...”. Dina eunteung katara beungeut manēh cahayaan.

Buron
Haseup mulek. Beus kota ngadius. Nyēsakeun rahuh bangbaluh. Sakedapan ngajanteng sisi jalan. Luak-lieuk. Ngijir-ngijir jempling. Rus-ras. “Indit siah ! teu hayang boga anak telenges !”. Panundung indung nu ngandung. Ukur ēta jeung leungeun lamokot getih. Nu napel dina ingetan. Mulan-malēn. Sakaparan-paran. Diudag-udag dosa. Jeung kasono. Enya, sono ka indung nu nundung. Nu duka aya di mana.
“Tibummmm ! Tibummmmm !”. Rungah-ringeuh. Pirang jalma katawuran. Ras kana dosa. Beretek. Bus kana gang mongklēng. Buk ! “Aduh !”, sora awēwē. Katubruk. Gancang ditangkeup. Curuk diantelkeun kana biwirna. “Ssssttt...”. Malik nangkeup. Beungeutna nyulusup kana dada. Asa betah. Tepi ka reupna. Silih keukeupan.
“Sangkuriangngggg ! Tulungannnnnnn !”, sora awēwē nu peuting. Korējat. Manēhna direjengan ku opat lalaki singsarwa bodas. Digusur. Muru mobil bodas. Ambulan Rumah Sakit Jiwa.

Mandeg Mayong Deui
Tilu tikel ti nu ayeuna. Gajih nu ditawarkeun. Haripeut. Ras ka si Jalu nu hayang geura sakola. Gancang nyiapkeun lamaran. “Yakin, Abah rēk ngalih ?”, ceuk indung budak. “Najan artosna alit, tapi pan ayeuna mah Abah gaduh waktos nu teu sakedik”. Teu ngawaro. Jongjon baē ngetik lamaran. Si Jalu disimbutan ku indungna. “Urang tiasa pelesir tiluan”, indung budak ngadeukeutan. “Abah tiasa kēnēh manggung, ngēmsē, atanapi nu sanēsna”. Ketikan kandeg. “Sanēs badē ngajurian pasanggiri sasih payun tēh ?”. Aēh, enya. Mangkaning tara kurang ti sapuluh poē. Nu tujuh taun katukang mah komo, tepi ka limalas poē. Enya, basa indung budak nu jadi pinunjulna. Nampa piala jeung hatē kuring.
Mandeg Mayong
“Abah badē ka mana ?”, ceuk si Jalu basa hudang sarē manggihan bapana geus saged dangdan.
“Badē damel, Kasēp”, cekēng.
“Ari Ambu ?”
“Tos angkat tadi, dijajap ku Abah”
“Ah Abah mah. Ambu damel. Abah damel. Ari Ujang sareng saha ?”
“Pan aya Ema, Kasēp ...”, nini budak ngawalon ti pawon.
“Alim ah. Tos sepuh Ema mah. Karunya. Moal kiateun ngundag mun Ujang kabur...”
“Atuh, Ujangna sing bageur”, cekēng.
“Abah wē entong damel...”, panonna nu canēmbrang melong pinuh pangharepan.
“Atuh moal gaduh artos kanggo jajan Ujang”, ceuk ninina.
“Wios teu jajan gē, asal tiasa ameng teras wē sareng Abah sareng Ambu...”, pokna dareuda.
Dampal suku teu tulus diasupkeun kana sapatu. Sora dunungan gogorowokan dina rington hēnpon.

Aksara Kasalapan
Mangkukna suwung. Teu matak nguyung. Kapan kamari sumping, sanaos pandeuri. Bari semu ngageuri. Ayeuna duka di mana. Teu katara kalangkang-kalangkangna acan. Tapi percaya, isukan mah bakal iatna. Bakal ngabedega panghareupna. Ngaping ngajaring nu sukan-sukan. Mangsabodo najan bedo nganjang ka pagēto.
Mang Usup Urang Cikarang
Aya nu bakal datang. Pasti datang. Hēabna geus karasa ti mangkukna. Tangara teu kendat ngēlēbēt. Ngawur-ngawur bēja ti nu rēk datang.
Gangas, cenah. Baris ngaburak-barik eusi dunya. Langit bakal jumerit tanding sora tarompēt. Lambaran sajarah bakal ngabebela. Kawas kembang api. Runtuyan waktu bakal nyilalatu. Lawang sigotaka bakal dipeungpeuk. Cenah, ku manēhna.
Rēa nu tatan-tatan. Masang kuda-kuda. Nyiar tarēkah. Jang ngayonan nu bakal datang. Teu saeutik nu jejerih. Tangka kagegeringan.
Tapi anjeun bangun nu taya kasieun. Tonggoy. Ngarēka-rēka harepan. Mungkus angen-angen. Samēmēh lumampah bari ngitung lēngkah. Ceuceuleuweungan. Ngadagangkeun nasib dina tungtung sora tarompēt nu mingkin kadempēt ku tarompēt impor nu teu rajēt ku hujan.

Cinta ‘nu Pēgo
Pangacian titeuleum dina tēh manis nu ku anjeun disodorkeun bareng jeung sapiring imut.
Hawar-hawar. Aya harēwos iklan dina tēlēvisi anu teu kungsi dilalajoan, basa kuring metik bēntang tina panon anjeun.
Jauh jeroning galeuh implengan, Sungsian, aya wirahma nu ngalanglaung minuhan sakur lulurung, sakamalir jeung ketug jajantung.
Basa urang sarua pada ngabetem.
Hawar hawar. Sora jam dinding patēmbalan jeung kawih jangkrik. Bangun nu teu sabar nganti urang muka carita.
Di pakarangan, bulan gogolēran handapeun kembang sapatu. Urang angger ngabetem.

Pati
Ragamang leungeun anjeun kana pēstol nu nyelap dina cangkēng. Gap. Gagang pēstol dicekel. Pageuh. Pel. Congona diteueulkeun kana tarang nu ngabedega hareupeun. "lamun congo pēstol geus napel dina tarang, saha nu weruh nangtukeun pati ?", ceuk anjeun semu ngagerendeng. Nu ngabedega ngabigeu. Ukur rēnghapna nu ujug-ujug ranjug. Ngadēgdēg. Kēsang ngaragajag saawak-awak. Mangpirang pasang panon, ukur bisa mencrong.
Di jabaning langit, malakal maot keur ngokang pati. Peuntaseunna, dua malēkat pakpikpek nganggeuskeun catetan. Laporkeuneun.
Jedor ! Sora pēstol ngaweuhan. Pēlorna mubus jero sirah. Nyēsakeun liang gudawang, dina tarang anjeun.

Lunch
Panon poē. Pēpēdēngkrēng. Ngusir sēsa girimis. Mangyuta lalay parebut katumbiri. Rabeng lain wanci, ngalalangséan wiati.
Dina mēja makan di hiji rēstoran, barudak parebut bubuy bulan. Silih rewēg. Silih rewod. Silih cakar. Silih herengan. Indung bapana jongjon balakēcrakan. Leungeunna pakupis noēlan lēptop. Bari teu reureuh ngawangkong jeung hēnpon.
Tukangeun rēstoran, mangpirang budak teu dibaju, ngariung haseup rēstoran. Leungeunna pakupis. Nyuay-nyuay tumpukan runtah. Nyiar sēsa kanikmatan.
Panon poē. Meungpeun carang. Noong beungeut langit. Lamokot kabura getih widadari.

Waragad
Hayang meuli panglēlēr
Teu mahi parē sageugeus
Teu manjing wanci sajanari
Masing asak paniatan
Kudu pengkuh pamaksudan
Garut, 5 Juli 2003
Dimuat dina Majalah Cupumanik Nomor 07 / Pebruari / 2004
Teu mahi parē sageugeus
Teu manjing wanci sajanari
Masing asak paniatan
Kudu pengkuh pamaksudan
Garut, 5 Juli 2003
Dimuat dina Majalah Cupumanik Nomor 07 / Pebruari / 2004
Suni Ulin Buni
Aya suni gagalancangan na suhunan Masdjid Agung
Basa tihang bandēra di alun-alun kabulusan
Caringin teu daēk ingkah
Keukeuh ngabedega diharudum sarēbu lampu
Teu ngiceup-ngiceup lalajo nu keur silih keukeupan
Aya nu humarurung di kolong babancong
Barang di toong, sing horēng ucing gering ngajolopong
Diteureuy panyakit nu can aya ubarna
Di pos jaga taya sasaha
Nu ngageugeuh pendopo geus pada mopo
Balas sapoē jeput ngadu bako
Simpē
Ukur kadēngē sora kērēk ngēlēkētēk poēk
Patēmbalan jeung sora korēak nu matak muringkak
Na suhunan Masjid Agung suni lalangiran
Ngitung bēntang nu teu kungsi muguran
Najan halodo mangbulan-bulan.
Garut, 2006.

Budak Pahatu
Seug aya nu daēk jadi Bapa
Purah nanggeuy bulan di patengahan
Nuaran gunung sangkan pawon ngebul
Ngabedahkeun sagara ngala lauk
Atawa ngababad leuweung ngadegkeun saung
Seug aya nu purun jadi Bapa
Ngabedega handapeun gapura lawang
Ngagebah ririwa jeung sandēkala
Nyieuhkeun sagala rupaning gogoda
Seug aya nu wani jadi Bapa
Nguyup cimata getih nu ngamalir
Minuhan leuwi sarakan
2003.

Nu Ditundung Ti Pēngkolan
Salēngkah
Salēngkah
Nu ditundung pating kurunyung
Marulang kana hideung bodas trotoar pangwangunan
Mapaēs dayeuh nu pias
Sanajan bari rumengkog
Basa cipanon getih nguyumbang
Pagalo jeung keueung jeung kabutuh
Jeung lapar nu ngagalaksak
Ngahuru sakur lulurung kalbu
Tangka tutung logika
Salēngkah
Maranēhna baralik deui
Dina tapak lawas ngadegkeun harepan
Antara sirineu jeung sora piriwit
Dina inghak anak pamajikan.
Mei 2005.

Garut Nguniang Ngudag Dangiang
Garut tēh purnama nu nyumput tukangeun mēga
Lalaunan, mēga hideung nu nyimbutan
Mimiti peuray, nyingray ngajarauhan
Cahya gumilang nu kungsi katutup aleutan reueuk
Mimiti rayrayan caang.
Garut tēh sagagang kembang kahalodoan
Lalaunan, saeutik-saeutik katojo haneut srangēngē
Kasimbeuh reumis, kakeclakan girimis
Kembang nu mēh garing ngarangrangan
Mimiti mangkak ligar nyambuang seungit
Garut tēh mojang kaputrēn nu dirungkup rēwu adat
Lalaunan, eurad cangreud adat nu meungkeut pageuh
Mimiti kendor, udar tina awakna
Najan bari semu rumengkog, nyi mojang
Mimiti tembong paroman hēgar marahmay
Galindeng sora tembangna halon kacida
Garut tēh sajatining getih
Sakamalir jeung ketug jajantung.
2003

Hatē Kahalodoan
Purnama ngalangkang dina cai
kolombēran. Hatē ngarakacak
mapay-mapay rupa sajak
pabalatak
Purnama eunteup dina pucuk
pucuk awi. Hatē ngageuri
mipir-mipir wening dangding
prang pring
Sulintang maluguran
jadi kalakay di buruan
ngabalaan. Hatē
leungiteun rasa
Garut, 03 Juni 2004
kolombēran. Hatē ngarakacak
mapay-mapay rupa sajak
pabalatak
Purnama eunteup dina pucuk
pucuk awi. Hatē ngageuri
mipir-mipir wening dangding
prang pring
Sulintang maluguran
jadi kalakay di buruan
ngabalaan. Hatē
leungiteun rasa
Garut, 03 Juni 2004
Asmaranirca
1/
Tulung
Kuring kalebuh
Talaga wening bedah
Jadi caah dēndēng
Tulung
Kuring kairid palid
Umpalan cai ngagulidag
Kabulen mangpirang kokotor
Leutak taneuh runtah rungka
Tulung
Kuring teu kuat ngojay
Leuseuh. Suda tanaga.
2/
Risbang jibreg
Cimata pagalo jeung kēsang
Jeung getih
Cinta kabulen birahi
September 2005
Tulung
Kuring kalebuh
Talaga wening bedah
Jadi caah dēndēng
Tulung
Kuring kairid palid
Umpalan cai ngagulidag
Kabulen mangpirang kokotor
Leutak taneuh runtah rungka
Tulung
Kuring teu kuat ngojay
Leuseuh. Suda tanaga.
2/
Risbang jibreg
Cimata pagalo jeung kēsang
Jeung getih
Cinta kabulen birahi
September 2005
Langganan:
Postingan (Atom)
Tulisan Petingan
-
sajak-sajak balatak hirup angger balangsak tunggara teu bēak-bēak beurang peuting rambisak lambaran harepan rangsak impian bēak disasaa...
-
“Lawas teu tepang, ieu kasono meni moho. Ka mana baē atuh Jungjunan tēh ?”, ceuk hiji SMS. Duka ti saha, da teu wawuh nomerna gē. Teu hayang...
-
Samangkok cipanon hiji indung ngamandian anakna nu perlaya na tungtung kabingung basa ngadagangkeun botol-botol nasib di peuntaseun kara...
-
"Kaharti ayeuna mah. Paingan atuh harita loba nu datang ka dēwēk. Pasubuh-subuh. Parēbo-rēbo. Padeuheus-deuheus. Miharep sih piwelas dē...
-
Kepada perempuan tua di tengah samudera : “Engkau lahirkanku, untuk menjadi suamimu” Senja menjelang Engkau masih telanjang Di ranjang T...