Mangpirang pulas mangpirang kelir
mangpirang gambar pating kēlēbēt di jomantara
Seug kereteg hatē geus gilig
rēk bumēla mingpin rahayat
tangtu Andika moal ‘rēk ngejat
lantaran senang atawa malarat
Lamun ukur hayang katangar
Teu gumati dina babakti
Andika tangtu lanca-linci
Meunang kasenang poho rahayat
Meunang kasusah Andika lumpat
Kereteg hatē teu bina ti binih
Naon nu dipelak, ēta nu tumuwuh
Melak cabē, nu jadi cabē
Melak bontēng, nu jadi bontēng
Moal pahili pelak tumuwuh
*) Dimuat dina Majalah Cupumanik Nomor 07 / Pebruari / 2004
Tidak ada komentar:
Posting Komentar