Kamis, 19 Januari 2012

Lebaran

Dipentrang di mentrang mentring
Di Pasir Pogor geus heurin ku padung
Handapeun pelengkung payung
Nu nadran pating kecewis
Ngaharēwoskeun Yasin kana tetengger batu
Patēmbalan jeung sora tukang ēs
Nu ceuceuleuweungan ngadagangkeun nasibna

Ti paēsan ka paēsan ngabarak rampē
Paselang jeung bangkarak jampē
Nu leumpeuh balas karērab matapoē

Pabuburit, handapeun sariak layung
Paēsan jeung paēsan silih pencrong
Pating solongkrong laju ngawangkong
Silih agulkeun jampē jeung rampē nu katarima

Taun hareup biheung meunang kiriman


*) Dimuat dina Galura Edisi Minggu III April 2010

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan