Kamis, 19 Januari 2012

Nu Bingung Milih

Budak awēwē. Geulis. Ditiung. Makē kēnēh baju sakola. Ngabedega hareupeun. Ajeg. Panceg. Seuseukeut teuteupna ngabelesur niruk ketug jajantung. Ras kana teuteup indung budak mangsa keur lalagasan. Seukeut. Tapi teu matak raheut. Humaroshos, ēta budak awēwē ngaharēwoskeun kasimpē hatēna. Pirang-pirang ungkara mawur tina biwir ipisna.
Sabot kuring negerkeun geter angen, manēhna indit ngajingjing keclak cimata.

Selang sawilet wanci. Aya deui nu ngabedega hareupeun. Budak awēwē. Geulis. Dikacamata.
Gantawang. Manēhna hohoak bari pepeta. Ngabar-ngabar mangpirang ungkara ringrang.
Sabot kuring ngumpulkeun pangacian, manēhna ngagandeuang nyorēang kamelang.

Piligenti. Barudak sakola ngabedega hareupeun. Pirang-pirang ceta. Pirang-pirang peta. Pirang-pirang ungkara. Balawiri dina kongkolak otak.
Leng. Pikir uleng. Bingung nangtukeun sikep. Inggis salah pilih. “Gustiiiiiii ... abdi narah janten hakim nu teu adil.” Cekēng, basa kudu nangtukeun pinunjul pasanggiri maca sajak poē tadi.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan