Kamis, 19 Januari 2012

Dongēng Cinta Kadal

Di sisi jalan, peuntaseun hiji hotēl mēwah, kadal sajodo pating kalacat hanjat ti solokan.

“Enya, rumasa aing mah ruruntuk ungkluk. Pangacakan sarērēa”, ceuk Kadal Bikang bari ngēpēskeun leungeun Kadal Jalu. “Wajar mun manēh embung jadi bapa si utun dina beuteung aing.” Kadal Jalu nyampeurkeun. Gap leungeunna, kana taktak nu bikang. Gibeg. Kadal Bikang ngagibegkeun awakna. Laju ngejat, ngajauhan.

“Padahal, saprak tepung jeung manēh, tēkad aing geus buleud. Aing eureun jadi ungkluk”. Panon Kadal Bikang mimiti beueus. “Geus tilu taun aing teu ngaladēnan sato-sato gēlo nu hayang ngasaan awak aing. Tilu taun. Ukur manēh nu ku aing diladēnan. Dikaulaan. Dipisono. Diarep-arep”, cipanon murubut dina pipi Kadal Bikang. “Kari-kari ayeuna manēh nitah aing matēni getih sorangan. Sarua jeung nitah aing paēh atuh kitu mah...”, pokna bari meuntas.

Cekiiiiiitttt. Jeggērrr. Kadal Bikang katabrak ku Maung nu keur mangprung ngumbar komara. Awakna ngacleng. Kadal Jalu ngocēak, bari lumpat muru bikangna. Maung nu nabrak ogē nyampeurkeun. Rēt kana beungeut Kadal Bikang, ras Maung ka nu nyabok pipina peuting tadi. Kusiwel Maung ngaluarkeun Blackberry tina pēsakna. Teu lila hiung sora sirineu. Maung mangprung deui, ngumbar komarana.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan