Kamis, 19 Januari 2012

Dongēng Maung

Teuing kumaha mimitina, mangpirang Maung pating belesur meulah jalan di puseur kota, bari teu kendat pating galaur ngawur-ngawur komarana. Pangeusi kota rareuwaseun kacida. Pangeusi kota katawuran. Pating kocēak. Nu lumpat. Nu luncat. Nu katincak. Nu nyumput. Nu hareugeueun, teu kebat ngejat.

Ucing nu keur anteng tepak toēl jeung beurit di sisi jalan, paheula-heula ngalacat ka suhunan toko nu geus leuwih tiheula nutupan panto jeung jandēla. Di jero toko, monyēt ronghok naroong tina sarigsig. Anjing nu keur ngadodoho pingping ēntog, nyempod di jero wadah runtah. Ari bagong nu keur linglung nēangan jalan balik, teu kaburu kabur. Rangsak awakna digaley abringan maung. Sirahna ngacleng. Ragrag hareupeun piriwit nu ngabedega di tengah parapatan. “Anjiiiiiiingngng....!!!” Piriwit ngajerit. Les. Piriwit kapiuhan.

Reg maung-maung areureun. Maung nu panghareupna ngodok pēsak. Ngaluarkeun hēnpon. Teu lila hiung sora sirine. Maung-maung pating belesur, ninggalkeun piriwit nu ngabebengkang di parapatan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan