Anjeun mitembeyan ngaheumbatkeun lēngkah
Basa nu sējēn geus mimiti ngayuman lampah
Ngabebenah tangtungan nu wawayagon
Memener kurungan nu karancang
Meresihan pipinding nu rumeuk
Balas dipakē idek liher sakadang belis jeung barayana.
Rerencepan, anjeun jeung uing ngeureuyeuh leumpang
Dina tatapakan mangsa nu teu kungsi reureuh lumampah
Dina gurudug waktu nu terus mangprung ngudag tungtung
Dina marudahna rasa, kakeueung jeung kaludeung nu silih sigeung
Kahayang nu kahalangan kamelang, jeung kalangkang nu anggang.
Anjeun, uing, jeung nu sējēn pada boga udagan
Ngalun dina kamalir sēwang-sēwangan.
*) Dimuat dina Rubrik Budaya Kabar Priangan, Rebo, 23 Maret 2011
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tulisan Petingan
-
sajak-sajak balatak hirup angger balangsak tunggara teu bēak-bēak beurang peuting rambisak lambaran harepan rangsak impian bēak disasaa...
-
“Lawas teu tepang, ieu kasono meni moho. Ka mana baē atuh Jungjunan tēh ?”, ceuk hiji SMS. Duka ti saha, da teu wawuh nomerna gē. Teu hayang...
-
Samangkok cipanon hiji indung ngamandian anakna nu perlaya na tungtung kabingung basa ngadagangkeun botol-botol nasib di peuntaseun kara...
-
"Kaharti ayeuna mah. Paingan atuh harita loba nu datang ka dēwēk. Pasubuh-subuh. Parēbo-rēbo. Padeuheus-deuheus. Miharep sih piwelas dē...
-
Kepada perempuan tua di tengah samudera : “Engkau lahirkanku, untuk menjadi suamimu” Senja menjelang Engkau masih telanjang Di ranjang T...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar