Samagaha, Kaulanun
Ieu jisim katambias
Ngatog dina mongkléngna peteng
Gupuy-gapay
Mapay cahaya Salira
Ukur belis jeung barayana nu rajeg sapanjang jalan
Ragég, nanawarkeun ééndah peuting
nu ririaban dina saban seuseukeut rindat.
Deudeuh teuing Mang Merebot
sorana nu awong-awongan dina munara masigit,
kasilep ku haréwos halon biwir alkohol
nu ambucuy baseuh : pikabitaeun.
Hibar salira, Kaulanun, duka nyumput di mana.
Nu ngahiap ukur gupay maksiat, geuning
Pating gurilap tina awak-awak bulucun
nu arandekak dina kongkolak.
Ieu soca, Kaulanun, beuki beueus ku kakeueung.
Lamur.
Teu awas maca lemah tincakeun.
Dimuat dina MANGLE No. 2478, 29 Mei-4 Juni 2014