"Mending dipaparin cinta atanapi harta, Jungjunan ?", humaroshos, basa jaladri Santolo jumegur jeroning hatē. Limalas taun kapengker.
"Mending cinta atuh", cekēng bari neuteup seukeut. Salira malik neuteup. Leuwih seukeut. Bangun nu hayang nyokēl eusi hatē. "Harta mah tiasa diala, disiar sasarengan". Gep kana leungeun. Diranggeum. Geugeut naker. Ranggeuman asih nu parat ka jero dada. Ranggeuman hēman, nu geus nganteur kapancegan hatē. Babarengan urang ngojayan umpalan asmara.
"Jungjunan, mending dipaparin cinta atanapi harta ?", humaroshos, basa jempling anteng noong tina sesela bilik, wengi tadi.
"Mending harta atuh", cekēng tatag.
"Baruk?", katara reuwas. "Moal nampi cinta ?", lalaunan cengkat. Neuteup anteb, bangun nu hayang yakin. Kuring unggeuk. Salira ngeluk,"Teu sangki, Jungjunan, salira ben janten jalmi pidunya geuning"
"Nyiar mah sakitu sesahna. Ayeuna aya nu maparin harta. Piraku ditolak atuh...", salira mencrong. Pirang-pirang ungkara kuciwa pating belesur tina seuseukeut teuteup.
"Jungjunan...", salira cumalimba.
"Moal. Kuring moal rēk narima deui cinta". Lir tumbak binang teu kabilang, sungkawa murubut tina dua soca salira. "Kapan talaga cinta salira gē sakitu ngemplangna, jeroeun ieu dada."
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tulisan Petingan
-
sajak-sajak balatak hirup angger balangsak tunggara teu bēak-bēak beurang peuting rambisak lambaran harepan rangsak impian bēak disasaa...
-
“Lawas teu tepang, ieu kasono meni moho. Ka mana baē atuh Jungjunan tēh ?”, ceuk hiji SMS. Duka ti saha, da teu wawuh nomerna gē. Teu hayang...
-
Samangkok cipanon hiji indung ngamandian anakna nu perlaya na tungtung kabingung basa ngadagangkeun botol-botol nasib di peuntaseun kara...
-
"Kaharti ayeuna mah. Paingan atuh harita loba nu datang ka dēwēk. Pasubuh-subuh. Parēbo-rēbo. Padeuheus-deuheus. Miharep sih piwelas dē...
-
Kepada perempuan tua di tengah samudera : “Engkau lahirkanku, untuk menjadi suamimu” Senja menjelang Engkau masih telanjang Di ranjang T...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar