Selasa, 24 Januari 2012

Pitapak Dukun Lepus

"Kaharti ayeuna mah. Paingan atuh harita loba nu datang ka dēwēk. Pasubuh-subuh. Parēbo-rēbo. Padeuheus-deuheus. Miharep sih piwelas dēwēk". Serebung. Bah Damini niupkeun haseup surutu. Panonna teu leupas tina tipi ēlsidi sagedē lomari. "Kabēh papada hayang disarēatan. Dipangnarēkahankeun. Mēnta-mēnta, sangkan kabagēan korsi”. Gap kana emuk. Suruput. Cag. Cikopi ngagarantung dina kumisna. “Heueuh teu rēk parebut kumaha atuh. Harega korsi tēh hijina dua puluh juta geuning. Mahi jang maraban jelema sakacamatan”. Selengseng. Ti palebah kamar kaangseu beuleum menyan. “Tah, aya nu rēk datang yeuh !”. Rap makē pangsi. “Padahal najan jieunan Jērman gē, angger wē geus dikokos beurit mah, rawēk korsi tēh”. Cetrēk. Mareuman tipi. Bus ka kamar. Poēk. Pindingna sing sarwa hideung. Ukur dicaangan ku ruhak parupuyan. Andekak. Gegerenyeman. Haseup ngelun tina parupuyan. Jelegedeg. “Nuhun, Bah. Ku tarēkah Abah, uing laksana kabagēan korsi”. Rup. Nu ngabedega dirungkup ku heurap. “Beunang, siah ! Hurungkeun lampuna, Bah !”. Cetrēk. Bray. Jelema ngagimbung di jero kamar. Samagrēng. Ngariung beurit gedē nu keur kokosēh handapeun heurap.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan