Jumat, 20 Januari 2012

Pati

Samēmēh lalajo Tonggērēt Banēn

na kongkolak panon samoja ngarangrangan
mugurkeun dangdaunan luhur pajaratan
nutupan tetengger ngabalaan tutunggul
geuning wanci geus kagiridig pati

lalakon kahirupan : runtuyan carita
nu dipungkas ku kidung pileuleuyan

angin peuting ngawihkeun tembang kapapatēn
ngēlēbētkeun katunggaraan meulah peteng
ngawurkeun daun-daun honcēwang
meunggaskeun rēgang-rēgang harepan

purnama ngeunteung na tutunggul kubur
sulintang nu remen maturan duka di mana
ukur aleutan mēga hideung ngalalangsēan
boa ti dinya pati nyēntangna.


*) Pinunjul Kadua Pasanggiri Nulis Sajak Sunda Disparbud Jabar 2008

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan