Unggal puteran mangsa
Hirup mingkin ngadeukeutan pati
Kawas srangēngē nu ngalalana nēangan kulon
Hiliwir angin mawa totondēn
Wanci teu kungsi reureuh ngamalir
Dina jentulna
Dina peureumna
Dina unggal ambekanna
Aya kēnēh sagunduk waktu
Melak malati di pipir sawarga
Atawa nandurkeun parē di kotakan surga
Mangsana hiber ka biwir jungkrang
Atawa ngarayap mipir lamping rumpil
Ngadegkeun karaton di mumunggang
Mager diri tina panggero durjana
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tulisan Petingan
-
sajak-sajak balatak hirup angger balangsak tunggara teu bēak-bēak beurang peuting rambisak lambaran harepan rangsak impian bēak disasaa...
-
“Lawas teu tepang, ieu kasono meni moho. Ka mana baē atuh Jungjunan tēh ?”, ceuk hiji SMS. Duka ti saha, da teu wawuh nomerna gē. Teu hayang...
-
Samangkok cipanon hiji indung ngamandian anakna nu perlaya na tungtung kabingung basa ngadagangkeun botol-botol nasib di peuntaseun kara...
-
"Kaharti ayeuna mah. Paingan atuh harita loba nu datang ka dēwēk. Pasubuh-subuh. Parēbo-rēbo. Padeuheus-deuheus. Miharep sih piwelas dē...
-
Kepada perempuan tua di tengah samudera : “Engkau lahirkanku, untuk menjadi suamimu” Senja menjelang Engkau masih telanjang Di ranjang T...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar