Sabtu, 21 Januari 2012

Samagaha

Samagaha, Kaulanun, ieu jisim katambias. Ngatog dina mongklēngna peteng. Gupay-gapay mapay dangiang Salira, ukur ririwa jeung barayana nu rajeg sapanjang jalan. Ragēg nanawarkeun kaēndahan peuting nu nyampay dina unggal gurilap seuseukeut rindat. Merebot nu awong-awongan ti suhunan masigit, kasilep ku harēwos halon biwir alkohol nu ambucuy baseuh.
Hibar salira, Kaulanun, duka nyumput di mana. Ukur gupay panghiap nu pating gurilap tina awak-awak bulucun nu andekak dina kongkolak. Ieu soca, Kaulanun, beueus ku kakeueung. Lamur. Teu awas maca lemah tincakeun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan