Sabtu, 21 Januari 2012

Kamerekaan

Aya ku ēndah ari impian. Makē jeung bisa ngalaman jadi jalma jugala. Mokaha. Sagala laksana. Lugina ngurus titinggal si jenat. Budak hiji-hijina. Awēwē. Teu sirikna awur-awuran. Dipupujuhkeun. Banget ku nyaah. Sagala pamēntana teu welēh ditedunan. Tara dihulag atawa dicuram-caram. Dianteur baē. Sakahayangna. Kalawan teu poho neundeun panon neundeun ceuli di saban tempat.

Bulan kamari manēhna walēh, hayang kuliah di dayeuh. Teu burung dijurung. Itung-itung nedunan wasiat indungna. Hanjakal manēhna kaburu gering. Unggal peuting babalongkēngan. Sagala diutahkeun. Imah geus heurin ku tumpukan utahna. Steak, pizza, campaigne, curutu, kondom, bikini, dildo, blekberi, lēptop, hum titer, skuter metik, mobil, jeung barang-barang sējēn nu teu apal ngaranna, ngahunyud di unggal juru imah. Pikageuleuheun. Atawa pikabitaeun ?

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan