Ciawaking, 24 Juni 2010, liwat tengah peuting, basa vuvuzela ngaguruh dina tipi.
Anaking, poē ieu, 2 taun katukang, hidep gumelar ka alam dunya.
Enya, tina pianakan Ambu, indung hidep.
Bati tina ngaitna asih Ambu jeung tresna Abah (ah, lebah dieu mah can ngarti meureun hidep tēh).
Abah inget kēnēh, rēngsē sholat magrib harita tēh. Ambu gēgēlēhēan dina pingping Abah.
Patuangan Ambu nu melentung ageung, ku Abah diusapan. Enas-enasna mah ngusapan hidep ēta tēh.
Ku Abah hidep diharēwosan, "Baeu, geura sumping, Anaking.", ceuk Abah bari nuduhkeun jalan kaluar hidep ku cara ngaguratkeun rēma dina patuangan Ambu dugi ka lawang garbana. "Bagēa, Anaking...", ceuk Abah bari lalaunan nyium patuangan Ambu, basa ujug-ujug aya sora ngabeletuk leutik tina larangan Ambu. Barang diparios ku Abah, bet seueur cacai dina pingping Ambu. Hērang, leueur jeung semu hanyir. Abah reuwas liwat saking. Gancang Abah nyauran Enin, Nini hidep. Teu kinten Enin ge reuwaseun. Atuh teu talangkē, Abah ēnggal ngajak Ambu ka Bidan Aas (da harita tēh Ambu kungsi boga angen-angen, hayang diparajian ku Bidan Aas) di Pedes. Tumpak motor harita tēh. Cacai leueur tēa, sajajalan teras ngucur tina larangan Ambu. Tapi, Abah reugreug basa ninggali Ambu bangun nu teu nandangan nyeri. Ambu angger teger. Jagjag. Jeung rarayna ku Abah katangen cahayaan.
Sadugina di bumi Bidan Aas, Jalu, Ambu ēnggal diperenahkeun ku bu Bidan dina dipan. lajeng diparios. "Euleuh, geuning ieu mah tos pejah ketubanna. Tos sēēp cairan ketubanna gē". Gebeg tēh ieu hatē Abah ngagebeg reuwas liwat saking. Inggis Ambu kumaha onam. Sieun si Utun Inji kumaha onam. Paur itu. paur ieu. Keueung, pokona mah. "Wayahna wē kedah dirujuk ka rumah sakit. Ngarah diinfus di ditu mah", saur Bidan Aas."Keun da moal nanaon. Sing tenang wē. Sok ayeuna mah milarian kendaraan kanggo ka rumah sakit."
Gancang wē Abah tēh nelepon ka Uwa hidep, enya uwa Awan, da anjeuna mah kagungan mobil. Atuh teras wē Ambu tēh dicandak ka Rumah Sakit. Alhamdulillah, di UGD teu hararēsē. Ambu hidep enggal diparios, lajeng diberesihan, dipasang infusan. Teras dijajap ka ruang persalinan. Mun teu salah mah, jam 9 peuting harita tēh. Tah, ti harita Abah teu genah cicing. Hate ratug tutunggulan. Inggis ku bisi rempan ku basa. Da geuning di rumah sakit ieu mah Abah tēh teu meunang maturan Ambu di ruang persalinan. Tada teuing keueungeunna Ambu, Jalu. Cuang cieung sorangan. Padahal kapan sakitu ogoanna Ambu basa keur ngandung hidep tēh (Boa bawaan hidep meureun nya nu matak Ambu ogoan tēh). Tara daēk jauh ti Abah. Kari-kari ayeuna Abah teu bisa maturan. Untung Ambu ku Abah dibekelan hēnpon. Jadi, Abah jeung Ambu bisa silih kirim SMS.
Enyaan, Jalu, ulah daēk nungguan nu rēk ngababarkeun bari teu bisa nungkulan mah. Matak sutrēs. Abah gē harita, peuting-peuting teu bisa cicing. Sakeudeung-sakeudeung ngalengo kana palebah panto ruang persalinan. Hatē teu reureuh gegebegan. Komo basa ninggali aya lalaki ngora saumuran jeung Abah harita kaluar ti ruang persalinan. Manēhna nangkeup orok nu dibulen ku samping kebat. Leumpang bari carinakdak. "Innalillahi wa inna ilaihi rooji'un...., keun sing sabar, Jang, cocoba ti Gusti ēta tēh. Can dipercaya meureun. Keun, ala hikmahna wē...", ceuk kolot-kolot nu ngariung milu nungguan.
Nyaan, Jalu, hatē Abah ngeleper. Jajantung beuki ratug. Sieun kawas manēhna, teu dipercaya ku Gusti pikeun jadi Bapa. "Astagfirullah...", ceuk Abah bari ngusap beungeut. Rumasa geus ngaborongkeun kana kakawasan Gusti. Rumasa geus cangcaya kana sifat Rohman jeung Rohim Gusti. Gancang Abah neneda, sangkan Ambu dilancarkeun dina prosēs persalinan, sarta hidep gumelar kalawan salamet.
"Kulawargi bu Susi ti Kaum Lebak !", sora awewe mani ngajelengeng meupeuskeun jemplingna peuting. Rēt kana jam dina juru layer hēnpon. Jam hiji leuwih opat puluh menit. Gura-giru Abah nyampeurkeun."Bu Susi tos ngalahirkeun. Putrana pameget. Mangga tiasa ditingali di ruang anak, bilih badē diadanan." ceuk suster (boa bidan kētang) leuleuy tapi tandes. Buru-buru Abah lumpat ka ruang anak. Kasampak hidep geus beresih, ngagolēr dina ranjang orok. "Carogēna Bu Susi ?", takon Suster nu miara hidep. "Muhun",walon Abah, "Badē ngaadanan pun anak", cekēng. "Oh, mangga", cenah bari ngalēos. Ku Abah hidep diteuteup teu kiceup-kiceup. Asa percaya asa henteu. Sieun ukur dina impian. Tapi da nyata. Gancang Abah ngaharēwoskeun kalimah-kalimah adzan dina cepil hidep. Geus rērēs, Abah tuluy mariksa awak hidep. Ti luhur tepi ka handap. Panon. Irung. Ceuli. Leungeun. Suku. Ramo. Taya nu kaliwat. Alhamdulillah, normal kabēh. Reugreug jeung reueus hatē Abah harita. Tulus jadi Bapa. Mani asa pang-lalakina.
Isukna, pabeubeurang, Abah jeung Ambu, malah Enin jeung Uwa-uwa hidep gē milu, nepungan hidep di ruang anak. Ambu mah tuluy ngalalanyah nyusuan hidep. Katingali geugeut jeung nyaaheun pisan ka hidep. Matak hidep gē kudu malik nyaah ka Ambu tēh. Kapan Ambu nu geus ngakandung hidep salila salapan bulan dina patuanganna. Lajeng bajoang pikeun ngalahirkeun hidep. Beurat, Jalu, ēta perjoangan Ambu tēh. Kapan ceuk ulama gē, hiji indung nu bajoang ngalahirkeun tēh darajatna sarua jeung mujahidin nu keur bajoang di mēdan perang. Syahid maotna gē. Omat, kasēp, kudu nyaah ka Ambu.
Poē ēta kēnēh, hidep diidinan dibawa balik. Abah, Ambu, Enin, Uwa, jeung nu sējēnna bungah. Kabēh ngabagēakeun hidep. Ceuk itu ceuk ieu, "Kasēp, budak tēh. Teu jiga Bapana. Bodas deuih". Abah mah ukur nyērēngēh wē. Teu asa dipoyok pēdah Abah gorēng rupa jeung hideung. Malah sabalikna, Abah asa meunang pamuji pēdah bisa boga turunan kasēp. "Perbaikan keturunan", ceuk Kang Toni Lesmana mah.
Tapi, cocoba datang tilu poē ti harita. Hidep kapaksa kudu balik deui ka rumah sakit, alatan aya tanda-tanda panyakit konēng. Meunang sapuluh poē, hidep dirawat. Unggal genep jam hidep disinar salila genep jam. Tepi ka warna konēng dina kulit hidep leungit.
Anu matak ketir mah, basa hidep rēk diinfus. Abah nu maturan jeung nyekelan hidep, basa perawat kokotētēngan nēangan urat keur nancebkeun infusan dina leungeun jeung suku hidep. Kabēh gagal. Infusan teu bisa asup. "Jigana kedah dina mastaka ieu mah, Pa", ceuk suster nu awakna bayuhyuh. Pupuhuna jigana mah. Harita Abah ngajerit jeroning hatē, "Gusti, ditampi ieu cocobi. Mugi baē pun anak, abdi kalih pun bojo, kiat nandanganna", bari teu leupas ngeukeupan hidep nu keur kokocēakan ceurik, basa perawat bayuhyuh tēa keur nojoskeun jarum infusan dina embun-embunan hidep. Teu karasa, cipanon Abah ngalēmbērēh maseuhan pipi. Teu wasa nēnjo hidep nu can jejeg umur saminggu geus kudu nandangan cocoba kawas kitu. Karasa ku Abah peureusna jarum infusan nojos kulit sirah hidep. Karasa, Jalu. Karasa tepi ka galeuh ati. Ambu mah komo. Harita teh ngagukguk wē dina rangkulan Enin, bari dibeberah ku Uwa-uwa hidep.
Salila sapuluh poē, Abah jeung Ambu maturan hidep di rumah sakit. Piligenti ngemitan. Salila sapuluh poe, Abah ningali cisoca Ambu teu reureuh maseuhan pipi. Teu kalis ku pangbeberah ti nu jul-jol ngalongok. Dulur-dulur Ambu jeung Abah, babaturan kantor Ambu, babaturan panggung Abah, jeung nu sejenna, kabēh gē milu prihatin ku kaayaan hidep. Ngan Abah mah, harita tēh neger-neger manēh baē, bari teu kungsi leungiteun pangharepan. Da Abah percaya, Pangēran mah moal nurunkeun cocoba leuwih rohaka batan nu kaawakan ku ummatNa. Abah yakin, Gusti Allah teu torēk. Mantenna tangtos ngadangu dunga jeung pamēnta Abah. Da rarasaan Abah ge teu ukur menta, tapi bari meta. Abah geus narēkahan ku jalan mawa hidep ka rumah sakit.
Alhamdulillah, geuning hidep teh cageur deui. Dokter ngidinan hidep dibawa balik. Saratna, Abah jeung Ambu kudu bisa ngajaga hidep kalawan tulatēn. Abah jeung Ambu kudu ngajalankeun PHBS, cenah. Enya Prinsip Hidup Bersih dan Sehat, tēa. Ku Abah jeung Ambu satēkah polah dilakonan. Tapi geuning, cocoba tēh bet datang deui. Basa umur hidep kakara tilu bulan, kapaksa kudu ngalaman ngēndong deui di rumah sakit, teu kurang ti sapuluh poē. Sanggeus cageur, hidep ge mindeng pisan pulang anting ka dokter. Tepi ka nu karasa pangbeuratna ku Abah mah, basa hidep rek nincek umur sataun. Bulan Mei harita tēh. Hidep kapaksa kudu ngēndong deui waē di rumah sakit. Sarua teu kurang ti sapuluh poē. Tapi harita mah, najan dokter can ngidinan balik gē, hidep ku Abah dipaksa dibawa balik. Teu kuat ku waragadna atuh da nu ieu mah. Kapan dirawatna di rumah sakit khusus anak anu katotol mahal waragadna. Tapi Alhamdulilah, geuning, basa hidep dipaksa dibawa balik tēh, hidep kalah jadi jagjag. Panas nu salila di rumah sakit teu rerep-rerep, datang ka imah mah langsung leungit. Hidep bisa deui seuri nyeuleukeuteuk anu matak dēdēngēeun. Hidep daēk deui ulin, daēk deui nyusu jeung dahar bubur. Singhorēng, hayang balik wē hidep tēh nu puguh mah.
Teu karasa., Jalu, dua puluh opat bulan geus kaliwat. Ayeuna hidep mingkin gedē jeung sēhat.
Ayeuna hidep geus cangker... geus bisa ngajak Abah balap lumpat…
Hidep geus bisa hahariringan... geus bisa ngitung, gagambaran, tatabeuhan... jeung sajabana...
Sakapeung sok ngajak jogol dina kasur, mun geus bosen ulin sorangan...
Enya, geus gedē hidep tēh, Jalu...
Moal abah jeung ambu mah moal ngadungakeun panjang umur ka hidep tēh,
da umur mah geus aya nu nangtukeun geuning...
malah, saenyana poē ieu tēh jatah umur hidep ngurangan...
Abah jeung Ambu mah rēk neneda ka Gusti,
sangkan hidep dipaparin dangiang pikeun nyaangan jalan sorangeun,
sangkan bisa leumpang bari lempeng dina galur Gusti...
bisa ngeusian sēsa umur ku laku lampah nu henteu tojaiah jeung ugeran Gusti...
Abah jeung Ambu rēk neneda ka Gusti,
sangkan hidep jadi budak sholēh nu rancagē. Budak nu cageur, bageur, bener, pinter, singer, teger, pangger, wanter jeung cangker. Insya Allah rijki mah nuturkeun...
Amien...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar