Sabtu, 21 Januari 2012
Seuneu Sondang
Seuneu nu ngabebela jeroeun dada, ngahuru wawanēn anjeun. Dangah. Leumpang gagah. Ngabar-ngabar kateuneung. “Pēlor mana nu rēk nyayang na awak kami ?”, harēwos anjeun ngalanglaung. Mapag congo bedil. “Kami moal loba pamēnta. Ukur mēnta ceuli jeung hatē aranjeun. Nu beresih tina arsēnik. Gantina kop tah mērē bakakak awak kami”, ceuk anjeun bari ngagedurkeun seuneu jero dada. Dada anjeun hurung. Tonggong. Leungeun. Suku. Sirah. Saawak-awak hurung. Anjeun geus masrahkeun wadal, bari ceuli jeung hatē nu dipēnta teu kungsi dibikeun.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tulisan Petingan
-
sajak-sajak balatak hirup angger balangsak tunggara teu bēak-bēak beurang peuting rambisak lambaran harepan rangsak impian bēak disasaa...
-
“Lawas teu tepang, ieu kasono meni moho. Ka mana baē atuh Jungjunan tēh ?”, ceuk hiji SMS. Duka ti saha, da teu wawuh nomerna gē. Teu hayang...
-
Samangkok cipanon hiji indung ngamandian anakna nu perlaya na tungtung kabingung basa ngadagangkeun botol-botol nasib di peuntaseun kara...
-
"Kaharti ayeuna mah. Paingan atuh harita loba nu datang ka dēwēk. Pasubuh-subuh. Parēbo-rēbo. Padeuheus-deuheus. Miharep sih piwelas dē...
-
Samēmēh lalajo Tonggērēt Banēn na kongkolak panon samoja ngarangrangan mugurkeun dangdaunan luhur pajaratan nutupan tetengger ngabalaan t...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar