Sabtu, 21 Januari 2012

Harepan

Harepan sakamalir jeung getih
ngamuara na galeuh kalbu
lir galindeng kawih tan soraan
nu moal kungsi anggeusan

geus kadēngē ēndahna hariring angin
ngagalur sawirahma jeung ketug jajantung
tapi tatu teu daēk lita
sēsa kapangpēngkeun topan
tapak kaseureud guludug

kapan kungsi kaanjangan tunggara
basa nyungsi haneut cikahuripan
satengahing sagara hara-haraeun

harepan angger getihan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan