Sabtu, 21 Januari 2012

Potrēt Raca

Sumpah. Sok teu puguh rasa ari tepung teuteup jeung anjeun tēh. Sok ratug jajantung. Komo mun dibarung ku imut nu ēta mah. Ah, geus wēh. Teu katulungan. Ieu rasa kawas nu dibalangkeun ka awang-awang. Ngalayang ti mēga ka mēga. Lumenyap. Nikmat.

Geus lila pisan kuring nyidem ieu rasa, Sungsian. Ukur bisa nyidem. Bari sok maling-maling bēja. Maling-maling imut. Maling-maling teuteup. Ti kaanggangan. Sakapeung sok maling-maling malangkeun tineung kana potrēt anjeun. Bari angger. Kuring sok bobolēh mun kudu paadu teuteup jeung anjeun. Rumasa ēlēh jajatēn. “Atos atuh, Sungsian, ulah neuteup wae”, cekēng bari notor botol. Mun geus kitu, sok nyel keuheul. Ka diri nu taya kawani. Ka anjeun nu teu daēk surti. Kana impian nu remen nepungkeun teuteup urang. “Sungsian...”. Belewer. Kuring malēdogkeun botol. Prang ! Keuna pisan kana potrēt raca raray anjeun nu ngajeblag dina tēmbok.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan