Sabtu, 21 Januari 2012

Japati

anjeun japati, bral
geura hiber ngapak mēga

geleber jangjang bodas
nurih salaksa mata
paninggaran
gelik leutik sora anjeun
mubus jeroning kalbu

ber, geura hiber
japati
pangnyungsikeun angin sumilir

seug geus kacanggeum
bagēa
eunteup di pakarangan
sukma

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan