Sabtu, 21 Januari 2012
Kanibal
Pikeun nyumponan napsuna, manēhna wani ngahalalkeun sagala cara. Geus bēak eusi leuweung. Geus pērēn eusi lembur. Kabēh jadi wadal kasarakahanna. Ayeuna manēhna hirup nyorangan. Kalaparan. Taya deui wadalkeuneun. Kapaksa. Manēhna nungtut ngawadalkeun awak sorangan. Suku rampung. Leungeun buntung. Beuteung lalaunan digorogotan. Tapi manēhna bingung. Mikiran cara ngahuapkeun sirah sorangan.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tulisan Petingan
-
sajak-sajak balatak hirup angger balangsak tunggara teu bēak-bēak beurang peuting rambisak lambaran harepan rangsak impian bēak disasaa...
-
“Lawas teu tepang, ieu kasono meni moho. Ka mana baē atuh Jungjunan tēh ?”, ceuk hiji SMS. Duka ti saha, da teu wawuh nomerna gē. Teu hayang...
-
Samangkok cipanon hiji indung ngamandian anakna nu perlaya na tungtung kabingung basa ngadagangkeun botol-botol nasib di peuntaseun kara...
-
"Kaharti ayeuna mah. Paingan atuh harita loba nu datang ka dēwēk. Pasubuh-subuh. Parēbo-rēbo. Padeuheus-deuheus. Miharep sih piwelas dē...
-
Kepada perempuan tua di tengah samudera : “Engkau lahirkanku, untuk menjadi suamimu” Senja menjelang Engkau masih telanjang Di ranjang T...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar