“Teu karasa, Jalu, tilu taun geus kalarung. Ayeuna hidep geus gedē. Geus bisa ngajak Abah balap lumpat. Geus bisa ngitung. Hahariringan. Tatabeuhan. Gagambaran. Sakapeung sok ngajak jogol dina kasur.
Moal Abah jeung Ambu mah moal ngadungakeun panjang umur ka hidep tēh, Jalu. Da umur mah geus tangtu.
Abah jeung Ambu mah rēk neneda ka Allah, malar hidep dipaparin gumilang cahya jang nyaangan jalan sorangeun. Sangkan bisa leumpang bari lempeng dina galur Allah. Bisa ngeusian sēsa umur ku laku lampah nu henteu tojaiah jeung ugeran Allah.
Abah jeung Ambu rēk neneda ka Allah, sangkan hidep jadi budak sholēh nu rancagē. Budak nu cageur, bageur, bener, pinter, singer, teger, pangger, wanter jeung cangker. Insya Allah rejeki mah nuturkeun.”
Si Jalu ngageubra dina lahunan, basa batur-batur ulinna ngahariringkeun lagu Happy Birthday. Imut ipis ngagantung dina biwirna, lir nu ngahaminan dunga nu jad bapa.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tulisan Petingan
-
sajak-sajak balatak hirup angger balangsak tunggara teu bēak-bēak beurang peuting rambisak lambaran harepan rangsak impian bēak disasaa...
-
“Lawas teu tepang, ieu kasono meni moho. Ka mana baē atuh Jungjunan tēh ?”, ceuk hiji SMS. Duka ti saha, da teu wawuh nomerna gē. Teu hayang...
-
Samangkok cipanon hiji indung ngamandian anakna nu perlaya na tungtung kabingung basa ngadagangkeun botol-botol nasib di peuntaseun kara...
-
"Kaharti ayeuna mah. Paingan atuh harita loba nu datang ka dēwēk. Pasubuh-subuh. Parēbo-rēbo. Padeuheus-deuheus. Miharep sih piwelas dē...
-
Kepada perempuan tua di tengah samudera : “Engkau lahirkanku, untuk menjadi suamimu” Senja menjelang Engkau masih telanjang Di ranjang T...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar