Rada beurang hudang tēh. Ēta gē pēdah baē kahudangkeun ku sora hēnpon. Singhorēng SMS ti ceu Etti RS. Bagja. Reueus. Bingung. Pagalo. Teu rēk kitu kumaha atuh. Meunang SMS ti pangarang awēwē nu geus moyan. Tina nomer anjeunna deuih. Etti RS enya, lain ēētiērēsan.
Ana dibuka, eusina pangogan. Ngajak uink jadi pamilon dina Konperensi Internasional Budaya Sunda, alpukahna Yayasan Rancagē. Sumpah, uing atoh liwat saking. Tapi tuluy kerung, basa maca tuluyan SMSna. Saban pamilon kudu mayar waragad 350 rēwu pērak.
Keur saayeunaeun mah, kajeun rēk disebut teu nyaah kana budaya sunda gē. Enya. Ayeuna mah uink moal bisa milu aub. Atuh da mun uing miluan tēh, uing kudu nyadiakeun waragad tilu tikeleun ti ēta. Tikelan kahiji jang daptar. Tikelan kadua jang bekel. Tikelan katilu jang mekelan nu ditinggalkeun di imah, si jalu kadua indungna. Hampura, Ki Sunda.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tulisan Petingan
-
sajak-sajak balatak hirup angger balangsak tunggara teu bēak-bēak beurang peuting rambisak lambaran harepan rangsak impian bēak disasaa...
-
“Lawas teu tepang, ieu kasono meni moho. Ka mana baē atuh Jungjunan tēh ?”, ceuk hiji SMS. Duka ti saha, da teu wawuh nomerna gē. Teu hayang...
-
Samangkok cipanon hiji indung ngamandian anakna nu perlaya na tungtung kabingung basa ngadagangkeun botol-botol nasib di peuntaseun kara...
-
"Kaharti ayeuna mah. Paingan atuh harita loba nu datang ka dēwēk. Pasubuh-subuh. Parēbo-rēbo. Padeuheus-deuheus. Miharep sih piwelas dē...
-
Kepada perempuan tua di tengah samudera : “Engkau lahirkanku, untuk menjadi suamimu” Senja menjelang Engkau masih telanjang Di ranjang T...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar