Hatē bayeungyang dirērab kalangkang
Sorasora leungiteun jirim
Pating celengkeung pating harēwos
Sorasora nu kungsi ngalemah na galeuh jisim
Hatē marudah ngotēktak wayah
Mangpirang teuteup lir ruruhit panah
Maseuk lēngkah nalikung lampah
Hatē palid kairid caah dēngdēng
Cipanon anjeun nu ngeclak na dampal
Leungeun nu ngeleper nahan ketug jajantung
Handapeun balandongan
Hatē rangsak teu puguh bangkarak
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tulisan Petingan
-
sajak-sajak balatak hirup angger balangsak tunggara teu bēak-bēak beurang peuting rambisak lambaran harepan rangsak impian bēak disasaa...
-
“Lawas teu tepang, ieu kasono meni moho. Ka mana baē atuh Jungjunan tēh ?”, ceuk hiji SMS. Duka ti saha, da teu wawuh nomerna gē. Teu hayang...
-
Samangkok cipanon hiji indung ngamandian anakna nu perlaya na tungtung kabingung basa ngadagangkeun botol-botol nasib di peuntaseun kara...
-
"Kaharti ayeuna mah. Paingan atuh harita loba nu datang ka dēwēk. Pasubuh-subuh. Parēbo-rēbo. Padeuheus-deuheus. Miharep sih piwelas dē...
-
Kepada perempuan tua di tengah samudera : “Engkau lahirkanku, untuk menjadi suamimu” Senja menjelang Engkau masih telanjang Di ranjang T...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar