“...eu...eu... punten...eu... tiasa sampēanna diangkat ?”.
Gebeg. Kuring ngarēnjag, reuwas liwat saking. Jaba ēra deuih. Ēta pangpangna mah. Ēra. Teu ku hanteu, abong kēna suku teu panonan, bet teu karasa nincak suku batur. Geuwat kuring ngangkat suku anu dampalna dibakutet ku sapatu anu pajurawet tali wungkul. Sapatu awēwē. Hakna anu jangkung tur mēncos, mēh nanceb dina sapatu kulit manēhna tangka kentob. Gancang kuring mēnta hampura ka manēhna. Pok deui pok deui kuring ngedalkeun kecap “hapunten !”. manēhna ukur ngawalon ku imut. Kalah tuluy nawaran peremēn karēt. Bari jeung ēra gē kuring nyokot hiji, laju dihuapkeun. Imut kuring ngalangkang dina sesela biwir, ngawalonan imut manēhna. Antukna, obrolan kuring jeung manēhna ngaguluyur bareng jeung murulukna girimis luareun beus kota.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tulisan Petingan
-
sajak-sajak balatak hirup angger balangsak tunggara teu bēak-bēak beurang peuting rambisak lambaran harepan rangsak impian bēak disasaa...
-
“Lawas teu tepang, ieu kasono meni moho. Ka mana baē atuh Jungjunan tēh ?”, ceuk hiji SMS. Duka ti saha, da teu wawuh nomerna gē. Teu hayang...
-
Samangkok cipanon hiji indung ngamandian anakna nu perlaya na tungtung kabingung basa ngadagangkeun botol-botol nasib di peuntaseun kara...
-
"Kaharti ayeuna mah. Paingan atuh harita loba nu datang ka dēwēk. Pasubuh-subuh. Parēbo-rēbo. Padeuheus-deuheus. Miharep sih piwelas dē...
-
Kepada perempuan tua di tengah samudera : “Engkau lahirkanku, untuk menjadi suamimu” Senja menjelang Engkau masih telanjang Di ranjang T...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar