Sabtu, 21 Januari 2012

Sosongēteun

“Jam antik titinggal uyut di juru rohang tamu disada salapan kali. Nu dianti-anti teu baē sumping. Ka mana atuh panutan tēh ? Kapan sakitu ēcēs disebatkeun dina SMS, yēn sonten ieu tēh salira badē sumping. Badē nepangan pun bapa. Ku abdi diantos ti sonten mula. Kēnging dangdos sataker kebek. Engkang teu aya datang. Naha bet jalir, jungjunan. Atanapi lali panginten salira tēh ? Upami aya pamengan nu teu tiasa dikantunkeun, geuning bet teu ngawartosan ? Telepon di rorompok aya. Handphone ogē tara dikantun, da bilih salira ngagentraan. Upami jalir atanapi ngahaja lali tēa mah, teungteuingeun teuing atuh, jungjunan. Kantenan upami ngahaja lumpat tina tanggel waler mah. Duh, saha atuh engkē nu bakal janten bapa si utun ?”.
Clak. Cipanonna maseuhan lambaran catetan nu can anggeus ditulis ku manēhna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan