Selasa, 24 Januari 2012

Ēksodus Beurit

Rēa beurit. Pating kurumuy tina saban liang. Ngabandaleut. Minuhan dayeuh. Ayeuh-ayeuhan. Sajajalan. Euyah-euyahan. Ngacung-ngacung poster jeung spanduk. Pating belewer malēdogkeun amarah. Sawarēh nyalingker. Ngaranjah toko. Ngaranjah bank. Ngaranjah pabrik. Pausahaan swasta. Pangbērokan. Kantor pamarēntah. Malah gedong dēwan ogē geus heurin ku beurit. Barisan ucing nu samagrēng ku pakarang teu walakaya. Da geuning mandahna keur andekak, ngalētakan buntut beurit nu geus salin jinis jadi dasi. Di ēmpangna, buhaya nu can rēngsē pasēa jeung cakcak, ngahēphēp. Tonggoy. Ngahēnggoy pingping munding. Pamahugi beurit.

Pabeubeurang. Beurit laluncatan kana lambaran koran. Ka jero tipi. Kana radio. Awong-awongan. Ngumbar jangji jeung pangbibita. Bari ngabar-ngabar ancaman.
Kapaksa. Pangeusi nagri miyuni beurit. Ngabuburak ucing. Ngagayem lambaran pabukon nu teu kungsi dibaca. Ngorowotan eusi leuit. Ngaranjah sawah. Leuweung. Lembur. Di mamana aya beurit. Silih sēbrēd. Silih sogot. Silih korowot. Silih tēmbongkeun sihung. Parebut ranjaheun.

“Uing geus jiga beurit acan ?”, ucing ngeleper, mencrong beungeut anjeun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan