“Kang, ka jamban heula atuh”, ceuk manēh bari mikeun anduk. Tuluy dangdan.
Geus tilu bulan. Manēh bet asa bēda. Jadi remen aya di imah. Arang katara balanja. Atawa ngajak jalan-jalan. Balik ti pagawēan, kaprak keprek masak. Tara ngajak dahar di luar, cara biasa. Pajar tēh mēh hēmat tur sēhat.
Ngan nu teu kaharti, duit bulanan bet angger teu nyukupan. Na dipakē naon waē ? Palangsiang... duh...
Rēk nanya, teu wasa. Sieun kasigeung. Meni teu percaya, meureun cēk manēh tēh. Tapi hatē panasaran. Kamari mah manēh dituturkeun ka pagawēan. Dumēh ceuk manēh, mandor bogoheun. Sapoē jeput disērangkeun ti kajauhan. Welēh taya tanda-tanda nu nyurigakeun. Angger panasaran. Jadi bingung, kudu kumaha pipetaeun. Katambah-tambah kamari narima deui surat ti nu jadi indung. Nginjeum duit jang meuli ubar bapa. Duh, da seug aya mah moal diinjeumkeun, deuk dibikeun. Ari euweuh mah naon nu kudu dibikeun atuh. Rēk mēnta tina cēngcēlēngan manēh, teu tēga. Kapan ēta mah geus diancokeun jang ngabagēakeun si utun inji.
Kringng... Sora telepon. Gancang diangkat. “nuhun, kasēp, kintunan tos katampi. Didungakeun ku Ema jeung Bapa sing rēa rejeki. Dungakeun baē bapa hidep sing geura cageur. Ngarah geura bisa mayar sametan. Bējakeun ka si geulis minantu ema, nuhun pisan kituh ...”. Dina eunteung katara beungeut manēh cahayaan.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tulisan Petingan
-
sajak-sajak balatak hirup angger balangsak tunggara teu bēak-bēak beurang peuting rambisak lambaran harepan rangsak impian bēak disasaa...
-
“Lawas teu tepang, ieu kasono meni moho. Ka mana baē atuh Jungjunan tēh ?”, ceuk hiji SMS. Duka ti saha, da teu wawuh nomerna gē. Teu hayang...
-
Samangkok cipanon hiji indung ngamandian anakna nu perlaya na tungtung kabingung basa ngadagangkeun botol-botol nasib di peuntaseun kara...
-
"Kaharti ayeuna mah. Paingan atuh harita loba nu datang ka dēwēk. Pasubuh-subuh. Parēbo-rēbo. Padeuheus-deuheus. Miharep sih piwelas dē...
-
Kepada perempuan tua di tengah samudera : “Engkau lahirkanku, untuk menjadi suamimu” Senja menjelang Engkau masih telanjang Di ranjang T...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar