Selasa, 24 Januari 2012

Mandeg Mayong Deui

Tilu tikel ti nu ayeuna. Gajih nu ditawarkeun. Haripeut. Ras ka si Jalu nu hayang geura sakola. Gancang nyiapkeun lamaran. “Yakin, Abah rēk ngalih ?”, ceuk indung budak. “Najan artosna alit, tapi pan ayeuna mah Abah gaduh waktos nu teu sakedik”. Teu ngawaro. Jongjon baē ngetik lamaran. Si Jalu disimbutan ku indungna. “Urang tiasa pelesir tiluan”, indung budak ngadeukeutan. “Abah tiasa kēnēh manggung, ngēmsē, atanapi nu sanēsna”. Ketikan kandeg. “Sanēs badē ngajurian pasanggiri sasih payun tēh ?”. Aēh, enya. Mangkaning tara kurang ti sapuluh poē. Nu tujuh taun katukang mah komo, tepi ka limalas poē. Enya, basa indung budak nu jadi pinunjulna. Nampa piala jeung hatē kuring.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan