Selasa, 24 Januari 2012

Mandeg Mayong

“Abah badē ka mana ?”, ceuk si Jalu basa hudang sarē manggihan bapana geus saged dangdan.
“Badē damel, Kasēp”, cekēng.
“Ari Ambu ?”
“Tos angkat tadi, dijajap ku Abah”
“Ah Abah mah. Ambu damel. Abah damel. Ari Ujang sareng saha ?”
“Pan aya Ema, Kasēp ...”, nini budak ngawalon ti pawon.
“Alim ah. Tos sepuh Ema mah. Karunya. Moal kiateun ngundag mun Ujang kabur...”
“Atuh, Ujangna sing bageur”, cekēng.
“Abah wē entong damel...”, panonna nu canēmbrang melong pinuh pangharepan.
“Atuh moal gaduh artos kanggo jajan Ujang”, ceuk ninina.
“Wios teu jajan gē, asal tiasa ameng teras wē sareng Abah sareng Ambu...”, pokna dareuda.

Dampal suku teu tulus diasupkeun kana sapatu. Sora dunungan gogorowokan dina rington hēnpon.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan