Selasa, 24 Januari 2012

Suni Ulin Buni

Aya suni gagalancangan na suhunan Masdjid Agung
Basa tihang bandēra di alun-alun kabulusan
Caringin teu daēk ingkah
Keukeuh ngabedega diharudum sarēbu lampu
Teu ngiceup-ngiceup lalajo nu keur silih keukeupan

Aya nu humarurung di kolong babancong
Barang di toong, sing horēng ucing gering ngajolopong
Diteureuy panyakit nu can aya ubarna

Di pos jaga taya sasaha
Nu ngageugeuh pendopo geus pada mopo
Balas sapoē jeput ngadu bako
Simpē
Ukur kadēngē sora kērēk ngēlēkētēk poēk
Patēmbalan jeung sora korēak nu matak muringkak

Na suhunan Masjid Agung suni lalangiran
Ngitung bēntang nu teu kungsi muguran
Najan halodo mangbulan-bulan.


Garut, 2006.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan