Selasa, 24 Januari 2012

Buron

Haseup mulek. Beus kota ngadius. Nyēsakeun rahuh bangbaluh. Sakedapan ngajanteng sisi jalan. Luak-lieuk. Ngijir-ngijir jempling. Rus-ras. “Indit siah ! teu hayang boga anak telenges !”. Panundung indung nu ngandung. Ukur ēta jeung leungeun lamokot getih. Nu napel dina ingetan. Mulan-malēn. Sakaparan-paran. Diudag-udag dosa. Jeung kasono. Enya, sono ka indung nu nundung. Nu duka aya di mana.
“Tibummmm ! Tibummmmm !”. Rungah-ringeuh. Pirang jalma katawuran. Ras kana dosa. Beretek. Bus kana gang mongklēng. Buk ! “Aduh !”, sora awēwē. Katubruk. Gancang ditangkeup. Curuk diantelkeun kana biwirna. “Ssssttt...”. Malik nangkeup. Beungeutna nyulusup kana dada. Asa betah. Tepi ka reupna. Silih keukeupan.
“Sangkuriangngggg ! Tulungannnnnnn !”, sora awēwē nu peuting. Korējat. Manēhna direjengan ku opat lalaki singsarwa bodas. Digusur. Muru mobil bodas. Ambulan Rumah Sakit Jiwa.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan