Selasa, 24 Januari 2012

Lunch

Panon poē. Pēpēdēngkrēng. Ngusir sēsa girimis. Mangyuta lalay parebut katumbiri. Rabeng lain wanci, ngalalangséan wiati.

Dina mēja makan di hiji rēstoran, barudak parebut bubuy bulan. Silih rewēg. Silih rewod. Silih cakar. Silih herengan. Indung bapana jongjon balakēcrakan. Leungeunna pakupis noēlan lēptop. Bari teu reureuh ngawangkong jeung hēnpon.
Tukangeun rēstoran, mangpirang budak teu dibaju, ngariung haseup rēstoran. Leungeunna pakupis. Nyuay-nyuay tumpukan runtah. Nyiar sēsa kanikmatan.

Panon poē. Meungpeun carang. Noong beungeut langit. Lamokot kabura getih widadari.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan