Selasa, 17 Januari 2012

Bulan

Manēhna kungsi boga cita-cita hayang jadi astronot. “Hayang nganjang ka bulan”, cenah. Hayang manggihan Nini Antēh jeung ucingna, nu remen didongēngkeun ku bapana.

Manēhna sok resep nyawang bulan tina jandēla kamarna. Neuteup anteb teu ngiceup-ngiceup. Mun kabeneran bongoh, bulan sok dirawēl ku manēhna. Bulan tumanggal. Bulan sapasi. Bulan parahu. Bulan mabra. Bulan surem. Hiji-hiji diampihan. Diēntēpan. Disimpen kalawan tarapti dina lomari. Teu paduli batur salembur ibur kaleungitan bulan unggal peuting.

Sakapeung, bulan dibalatakkeun di luhur ranjang. Bulan manēhna. Bulan tatangga. Bulan baraya. Bulan deungeun-deungeun. Piligenti bulan dibawa ulin. Dimandian. Dibajuan. Dibedakan. Diusapan. Dikeukeupan. Digalēntoran. Disarēan.

Kitu jeung kitu gawēna unggal peuting, ti saprak bapana remen unggah kana ranjangna, ngadon mihapēkeun bulan di jero beuteungna.

1 komentar:

Tulisan Petingan