bari jeung semu rumengkog, anjeun ngabedah
karumasa nu mangpirang purnama nayeum
na kokobak rasa
sakeclak
sakeclak
ungkara-ungkara dumareuda nyikaracak
tina seuseukeut teuteup
patēmbalan jeung harēwos impian
nu ngalakay kabawa angin
peuting teu leungiteun jempling
najan jaladri sēah na dada
silih sigeung jeung kikisik ati
nu ngampar sapanjang basisir pikir
basa anjeun ngabedah kacua
ka sakadang tresna nu teu daēk ingkah tina manah
ka sakadang sono nu pogot ngalēndotan
ka sakadang asih nu mingkin tigin
ka sakadang tineung nu kari bangkarakna
kapan geus parat anjeun nirukkeun asih kana galeuh ati
mangkeluk cidra kumelendang kēnēh geuning
ngagorogotan sajak-sajak romantis
jadi harēwos-harēwos ērotis
ngaririwaan angen-angen jeung sirung
harepan nu kakara renung
ngagadabah kasatiaan
nyēsakeun amarah nu ngagolak na kongkolak otak
*)
Dimuat dina Rubrik Budaya Kabar Priangan, Rebo, 23 Maret 2011
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tulisan Petingan
-
sajak-sajak balatak hirup angger balangsak tunggara teu bēak-bēak beurang peuting rambisak lambaran harepan rangsak impian bēak disasaa...
-
“Lawas teu tepang, ieu kasono meni moho. Ka mana baē atuh Jungjunan tēh ?”, ceuk hiji SMS. Duka ti saha, da teu wawuh nomerna gē. Teu hayang...
-
Samangkok cipanon hiji indung ngamandian anakna nu perlaya na tungtung kabingung basa ngadagangkeun botol-botol nasib di peuntaseun kara...
-
"Kaharti ayeuna mah. Paingan atuh harita loba nu datang ka dēwēk. Pasubuh-subuh. Parēbo-rēbo. Padeuheus-deuheus. Miharep sih piwelas dē...
-
Kepada perempuan tua di tengah samudera : “Engkau lahirkanku, untuk menjadi suamimu” Senja menjelang Engkau masih telanjang Di ranjang T...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar