Selasa, 17 Januari 2012

Jaladri Nu Sēah

Dina sēahna jaladri
Aya aweuhan sumanget nu ngalanglaung
Noēlan sakur jajantung jeung ketugna
Nu ngagimbung di tegalan kabingung.
Sēahna jaladri awor jeung sēor angin katigin
Ngangkleungkeun parahu kamotēkaran
Ka tengahing sagara cita-cita

Fachroe, sēahna jaladri lain sausumeun
Rēa kēnēh basisir nu can kasimbeuh
Loba kēnēh karang nu can kakeueum
Panjang kēnēh jaman nu can kaambah
Geuning panonpoē gē kawas nu taya kacapē
Nētēan wanci
Ngudag-ngudag bangkarak mangsa
Nu nyangheuy di tungtung kulon

Jaladri tēh kapan nu urang, Fachroe
Sēahna sakamalir jeung ketug jajantung


Juni 2009

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan