Hampura, Anaking. Kawasna hidep mah moal kungsi ngalaman sakola. Moal kawas anak-anak kang Usman, tatangga di kalēreun imah urang anu buruanna lega pinuh ku rupa tatangkalan jeung kekembangan. Unggal isuk tiluannana ngabring arindit ka sakola, dianteur ku gupay jeung imut ceu Ikah, indungna, ti tēras hareup. Nyi Nani, budak panggedēna, geus makē anderok abu-abu. Manēhna sakola di SMA Pasundan. Geus kelas dua. Nu panengah, nyi Rika, geus kelas tilu SMP. Moal lila deui rēk ujian nasional, sarta tangtu rēk nuluykeun sakola. Kahayangna tēh ka SMEA, cenah. Ari si bungsu mah, jang Yana, kakara kelas opat SD. Sok kagugu mun nempo polahna. Awakna bayuhyuh. Gendut. Kawantu diloloh ku kadaharan nu aralus gizina. Leumpangna ngadēdod kawas ēntog rēk ngendog. Bangun nu beurat tur karagok. Sakeudeung-sakeudeung eureun ngadon ngangsrodkeun calana beureumna anu teu bisa nyangsang dina cangkēng.
Sok resep mah mun ningali neng Wulan, anak pa Tatang, ngaliwat hareupeun imah urang. Baju saragamna, boh anu bodas abu-abu atawa anu coklat-coklat, teu welēh rapih. Beresih. Mantes jeung nyari. Sakapeung mun isuk-isuk sok dianteurkeun, diboncēng ku bapana. Tapi ari mimindengna mah leumpang baē sorangan. Bējana pinter nēng Wulan mah. Malah sok jadi bēntang kelas waē cenah. Kungsi meunang bēasiswa sagala. Kayungyun keur geulis tēh. Cacak geus teu boga indung mah. Resep ku somēahna nēng Wulan tēh. Mun ngaliwat teu welēh nanya bari dibarung ku imut. Nurun ti bapana ari kitu tēa mah. Enya, pa guru Tatang gē pan kitu. Handap asor. Somēah ka sasaha, teu ka kolot teu ka budak. Bērēhan deuih. Enyaan nēng Wulan mah tēng manuk tēng anak merak kukuncungan.
Manglebarkeun ku anak mang Haji Sarkowi, urang Cigintung anu ngontrak di imah ceu Wati. Cacak anak jalma beunghar bari kasebut anak haji, si Deni mah nurustunjung pisan. Euweuh purianeunnana. Euweuh pisan pujieunna. Kēheulaanan picontoeun. Nu aya mah pikakeuheuleun. Pikaresepeun peureup. Unggal isuk jiga nu heueuh indit makē baju saragam, padahal ka sakola teu nepi. Kadon mēngkol ka tempat billiar. Bubuhan anak nu beunghar atuh tangtu baē duitna gē kandel. Teu anēh mun kabedag mayar waraad ulin jeung rucah di billiar gē. Atawa meuli barang-barang haram samodēl ēkstasi, ganja, hēroin jeung sajabana. Mmh…karunya teuing ka mang Haji Sarkowi. Meureun nyangkana mah bener wē anakna tēh sakola. Unggal bulan mēnta dikirim duit. Alesan keur itu keur ieu. Meuli buku anu. Mayar iuran anu. Bēhna ukur dipakē teu eucreug. Palias sing jararauh nu kitu tēh. Hidep mah ulah saturut-turutna. Ulah kabawa ku sakaba-kaba.
Anaking, ayeuna umur hidep geus tujuh taun. Geus mangsana hidep indit ka sakola. Kawas Jang Yana anak kang Usman tēa. Geus kasawang na kongkolak panon Apa, unggal isuk hidep digeuingkeun ku Ambu, indung hidep. Tuluy disina mandi di pancuran. Teu dimandian da hidep tēh geus gedē. Geus kudu diajar mandiri, mandi sendiri, cenah. Sabot hidep mandi, Ambu mangnyangraykeun sangu, manggorengkeun endog. Keur hidep sarapan. Reres mandi, rap hidep makē baju beunang ngalicin Ambu. Tuluy nyisiran. Tuluy makē sapatu, meunang Abah meuli ti loak. Rēngsē sarapan, hidep amitan ka Abah jeung ka Ambu. Solongkrong hidep ngasongkeun leungeun ka Apa, ku Abah ditampanan. Leungeun Abah dibedol. Dicium. Sirah hidep ku Abah diusap bari didu’akeun sangkan jadi budak soleh. Pinter. Ka Ambu hidep namprakkeun dampal leungeun. Mēnta jatah jajan. Golosor Ambu ngasongkeun kencring konēng gambar balap sapi. Tilu siki. Jung hidep indit dijajap ku gupay jeung du’a bari reumbay cimata ti lawang panto.
Kira jam sapuluh, hidep geus balik ti sakola. Capētang hidep nyaritakeun sagala nu kaalaman di sakola.
“Ambu. Ambu. Tadi saur bu guru, Yandi pinter. Tiasa angkat sakola nyalira, teu dijajapkeun ku Ambu atanapi Apa”, atawa, “Ambu. Ambu. Yandi dipiwarang janten KM”, atawa, “Ambu. Ambu. Yandi mah teu jajan. Sadayana ditabungkeun di bu guru.”
Kasawang indung hidep cumalimba. Ngabandungan hidep bacēo. Sirah hidep diusapan bari reumbay cimata. Teu lila hidep lumpat muru ka Abah. Luncat kana lahunan. Tuluy…
“Punten ! Punten !”, gebeg. Hatē ngagebeg sataker kebek. Reuwas liwat saking. Keur anteng ngalamun.
“Kang … !”
“Aēh, jang Marwan. Aya naon, Jang ?”
“Ieu Kang, aya serat ti pa Lurah”,
“Surat naon, Jang ?”
“Uleman rapat di Balē Dēsa”
“Oh, nuhun, Jang”.
“Mangga atuh, Kang”
“Eeh…naha mani enggal-enggalan. Linggih heula atuh, jang Marwan !”
“Ah, sanēs waktos baē Kang. Seueur kēnēh bujengeun. Mangga, Kang !”
“Mangga. Mangga”.
Jang Marwan ngalēos dituturkeun ku teuteup reueus dua panon kana tonggongna. Anak ceu Onih. Hiji-hijina. Bulan hareup manehna rēk diwisuda. Rēk jadi Sarjana Ekonomi. Gedē milik Ceu Onih mah boga budak tēh. Bageur. Pinter. Jeung getol ka masjid deuih. Padahal ceu Onih tēh lain jalma aya. Sarua kawas urang. Ukur ngandelkeun pangsiun kang Husen anu maot basa keur dines di Timor Timur, jeung bati ladang dagang lotēk. Jang Marwan mah bisa kuliah sotēh ku lantaran meunang bēasiswa ti pamarēntah.
Emh… bagja temen lamun hidep bisa kawas manēhna. Diwisuda. Jadi sarjana. Abah mah hayang hidep tēh jadi Sarjana Pertanian. Ngarah bisa metakeun kabisa di lembur sorangan. Bisa ngawangun pertanian di lembur urang ku teknologi tepat guna. Ngaping dulur-dulur urang di lembur sangkan bisa ngaronjatkeun kabisa, kanyaho jeung kabogana. Tapi ari si Ambu mah geuning kahayangna tēh hidep jadi Sarjana Politik. Sangkan hidep bisa jadi ketua partēy, tuluy dicalonkeun jadi persidēn, tuluy kampanye di televisi dilalajoan ku mangyuta pasang panon, pokna tēh. Kumaha hidep. Nu penting hidep mah ulah kawas para pangagung urang ayeuna nu resep ngajual tandatangan jeung meuli sora. Nu resep kokodok jeung kokorobet kana eusi dompet nagara. Nu resep maokkan duit rahayat. Palias.
Laluhur cita-cita mah Abah jeung Ambu tēh, Jalu. Ngan nya kitu. Pamuhalan. Boro-boro bisa ngahontal cita-cita anu sakitu luhurna. Luhur alahbatan gunung, lega alahbatan sagara. Ukur jadi impian. Ukur jadi cita-cita. Ukur jadi kahayang. Apan urang mah jalma sangsara. Jalma teu boga. Jalma sangsara mah teu meunang sakola. Sakola mah diadegkeun ukur keur jalma-jalma aya. Jalma beunghar. Jalma nu loba pakaya. Jalma nu loba duit. Sakola mah barang mahal. Barang mēwah nu hamo kabedag ku pantar urang. Pajar eta cenah aya subsidi jeung bantuan ti pamarentah, ah da geuning tara katarima ku uran mah, da kaburu beak manten dipaokan beurit. Da di sakola ge geuning loba beurit tēh.
Urang mah tong bororaah keur sakola. Keur dahar sapopoē gē seuseut seuit. Dahar isuk henteu sorē tēh lain dongēng. Panghasilan Abah tina ngabedug di sawah Mang Haji Juha, teu sabaraha. Teu bisa dijadikeun andelan. Ukur mahi keur keuli bēas jeung uyah sangkan urang teu kalaparan.
Hampura, Anaking. Ayeuna gē lain tēga Abah tēh, ngantep hidep diteureuy panyakit paru-paru. Kapan ti tatadi gē urang mah jalma sangsara. Ari jalma sansara tea, kapan teu meunang nincek ubin puskesmas-puskesmas acan. Komo rumah sakit.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tulisan Petingan
-
sajak-sajak balatak hirup angger balangsak tunggara teu bēak-bēak beurang peuting rambisak lambaran harepan rangsak impian bēak disasaa...
-
“Lawas teu tepang, ieu kasono meni moho. Ka mana baē atuh Jungjunan tēh ?”, ceuk hiji SMS. Duka ti saha, da teu wawuh nomerna gē. Teu hayang...
-
Samangkok cipanon hiji indung ngamandian anakna nu perlaya na tungtung kabingung basa ngadagangkeun botol-botol nasib di peuntaseun kara...
-
"Kaharti ayeuna mah. Paingan atuh harita loba nu datang ka dēwēk. Pasubuh-subuh. Parēbo-rēbo. Padeuheus-deuheus. Miharep sih piwelas dē...
-
Kepada perempuan tua di tengah samudera : “Engkau lahirkanku, untuk menjadi suamimu” Senja menjelang Engkau masih telanjang Di ranjang T...
Tidak ada komentar:
Posting Komentar