Selasa, 17 Januari 2012

Nu Bedo Kawin

"Har, naha bet kitu geuning nyarita tēh, Euis ? Majar dēwēk teu nyaah ka manēh. Majar teu bogoh. Majar tēga. Majar dēwēk ngabohong. Ceuk saha ? Kapan karasa meureun ku manēh gē. Salila ieu, sakitu dagdag-dēgdēgna dēwēk ka manēh. Kurang kumaha dēwēk mērē perhatian. Da rarasaan mah geus ditamplokkeun kabēh. Sakur pamēnta, teu welēh ditedunan. Hayang ngojay dina lambak Pangandaran, laksana. Hayang milang bēntang ti puncer Manglayang, laksana. Ngajak nyaba ka kota tepi ka sarē di hotēl, laksana. Malah basa manēh walēh geus dua bulan teu kasēmahan gē, kapan dēwēk nu nganteur ka dokter kandungan. Bari ngawani-wani ngaku salaki manēh. Ku nyaah ka manēh deuih, sieun beuteung manēh kaburu ngagedēan, gura-giru dēwēk ngajak nu jadi kolot nepungan indung bapa manēh. Nanyaan. Enya, nanyaan manēh. Ngajak kawin. Manēh mah teu apal kumaha bungangangna hatē dēwēk basa manēh nyebut daēk. Atoh da puguh bogoh. Bungah da enya nyaah. Kari-kari ayeuna manēh bet nyarita kitu. Naha ?”, cipanon terus murubut dina pipi awēwē nu disebut Euis. “Pēdah dēwēk teu datang peuting tadi ? Pēdah urang teu tulus kawin ?”, Euis ngagukguk, bari ngagulanggapēr layon pisalakieunna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan