Selasa, 17 Januari 2012

Lalakon

ngalenyepan rēngkak jeung rēnghap
nu ngabarak dina saban padalisan mangsa
sawilet
sawilet
ngalakay nedunan papastēn
mumbul ka alak paul, ngēlēk nasib sēwang-sēwang
muru tungtung waktu nu can tēmbong bungkeuleukna

lambaran catetan nu karahaan
nu nembrak, nu nyamuni, nu nyaliwang
ririaban diayun ambing angin wanci

pirang-pirang lalakon
pirang-pirang papagon
pirang-pirang papalayon
pirang-pirang guguyon
pirang-pirang cipanon
pirang-pirang tandon
pirang-pirang layon
pating kalayang luhureun palalangon implengan
ngawang-ngawang ngajomantara di mēga malang
jadi reueuk, jadi angkeub, jadi girimis,
ngepriskeun karumasa kana sarakan rasa nu lawas saat

ras kana tangtungan nu wawayagon
ras kana kurungan nu teu pageuh tetekon
ras kana udagan nu mingkin jauh tina tatapakan
ras kana itungan nu teuing geus tepi ka mana teuing kari sakumaha.




*)
Dimuat dina Rubrik Budaya Kabar Priangan, Rebo, 23 Maret 2011, jeung
Rohang Sajak Radar Tasikmalaya, Minggu, 3 April 2011

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan