Selasa, 17 Januari 2012

Dongēng Sendal

Kawas sasari, unggal jumaah, mangpirang sendal ngalabring ka masigit. Sendal capit, sendal kulit, tarumpah, bakiak, malah sapatu gē aya. Dina golodog masigit maranēhna arandekak. Pasesedek. Silih sērēd. Silih jejek. Silih tindihan. Sawarēh laluncatan kana erak atawa loker di juru tēras masigit. Aya ogē nu kapaksa nyumput dina kantong kērēsēk lantaran keukeuh hayang abus ka masigit.

Mangsa lēptop ceuceuleuweungan ngagalindengkeun lohor, sendal dina golodog pating kocēak kapanasan. Nu arunggut-unggutan di jero masigit, teu ieuh surti, jajauheun ka miduli. Nu unggut-unggutan, horēng keur nundutan, dipēpēndē ku dongēng ahēng nu ditepikeun ku sakadang mikropon.

Tepi mangsana mulang, nu arunggut-unggutan katawuran. Paheula-heula muru sendal sēwang-sēwang. Tapi tētēla aya sendal nu geus leuwih tiheula mulang. Dijingjing teuing ku leungeun saha.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar

Tulisan Petingan